Tandes, Bupati Garut Rudy Gunawan Miharep ka Para Kapala Sakola, Tong Ngabeungbeurat Masarakat!

- 23 Januari 2023, 11:15 WIB
Bupati Garut Rudy Gunawan miharep para sakola teu ngabeunbeuratan orang tua murid ku cara menta sumbangan jeung pungli/Galura/Aam Permana S
Bupati Garut Rudy Gunawan miharep para sakola teu ngabeunbeuratan orang tua murid ku cara menta sumbangan jeung pungli/Galura/Aam Permana S /

 

Patali jeung pungutan liar (pungli) nu dipikahariwang kajadian di Garut, Rudy Gunawan ogé meredih sangkan nu disebut pungli teu kajadian di sakola nu aya di Garut.

Baca Juga: Ngabagéakeun Menparékraf Sandiaga Uno, Bupati Bandung Ménta Dukungan Adegkeun 100 Désa Wisata

Cek Rudy, saenyana mulutan sumbangan ti masarakat atau orang tua murid teh bisa waé dilaksanakeun da taya aturan nu dirempak (mun dilaksanakeun ogé).

Tapi para kapala sakola kudu ningali kaayaan masarakat ayeuna, nu masih kénéh aya dina kaayaan sarwa susah buntut tina sasalad Covid-19 nu aya taunna narajang jeung jadi bangbaluh.

"Tinimbang mulut sumbangan, mending nyumangetan ka orang tua murid malar sumanget nyakolakeun," pokna.

Baca Juga: Hayang Gumebyarkeun Voli Bal di Kabupatén Bandung, Anggota DPRD H. Uya Mulyana Ngarojong 'Baduy Cup'

Baca Juga: KWT Lestari Alam Ngahangkeutkeun Melak Sayuran di Pakarangan, Ika : Kudu Jadi Conto KWT Sejenna

Baca Juga: Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, Gunung Madati Diusulkeun Jadi Hutan Konservasi, Tacan Aya Bejana Deui

Saméméhna, nurutkeun katerangan nu katarima ku Galura, di Garut memang aya sawatara sakola nu masih kénéh ngabeugbeuratan orang tua murid kalawan rupa-rupa alesan.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x