Olimpiade Olahraga Siswa Nasional Tingkat SD Sakacamatan Jatiwangi, Ngayal Siswa nu Mibanda Anle

- 25 April 2024, 08:09 WIB
Bubuka Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN) tingkat SD sa-Kecamatan Jatiwangi tahun 2024 di Lapangan Desa Ciborelang, Kecamatan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka, Rebo (24/04/2024).
Bubuka Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN) tingkat SD sa-Kecamatan Jatiwangi tahun 2024 di Lapangan Desa Ciborelang, Kecamatan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka, Rebo (24/04/2024). /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID - Kompol Endang Kusnandar, S.H., M.H., Kapolsek Jatiwangi, Polres Majalengka, Polda Jabar, ngaluuhan acara bubuka Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN) tingkat SD sa-Kecamatan Jatiwangi tahun 2024.

Ieur acara lumangsung di Lapangan Desa Ciborelang, Kecamatan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka, Rebo (24/04/2024).

Kagiatan dibuka ku Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Dr. Hj. Lilis Yuliasih, M.Pd., anu diluuhan ku unsur Muspika Kecamatan Jatiwangi, pengawas, penilik, guru, katut murid SD sa-Kecamatan Jatiwangi.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ditepikeun ku Kapolsek Jatiwangi, Kompol Endang Kusnandar, S.H., M.H., nyebutkeun, "Simkuring ngaluuhan acara bubuka O2SN  buktos rojongan ieu kagiatan, salian nedunan pangogan panitia panyalagra," ceuk Kapolsek Jatiwangi.

Kapala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Dr. Hj. Lilis Yuliasih, M.Pd., nyebutkeun, ku O2SN  dipiharep bakal tembong bibit-bibit anu mibanda prestasi, boh dina cabang olahraga  boh akademis. Sangkan dina hal ieu mawa ngaran hade tur nyeungitkeun ngaran Kecamatan Jatiwangi hususna, Kabupaten Majalengka umumna.

"Ieu kagiatan mibanda tujuan kangge milari siswa anu gaduh prestasi ti usia dini sarta ngajaring bakat olahraga ti kawit usia dini.Hayu cangking prestasi panghadena oge tanjeurkeun sportivitas," ceuk Kadisdik Majalengka.

Dina kituna kagiatan saperti O2SN, dipiharep sakumna siswa aub aktif dina kagiatan olahraga jeung ngaronjatkeun prestasi, bisa nanjeurkeun ajen-inajen sportivitas.

Salian eta, ieu kagiatan oge jadi tempat keur nyiar bibit-bibit unggul anu bisa jadi potensi gede keur kamajuan olahraga Indonesia dina mangsa kahareupna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x