GALURA.CO.ID- Bidang Pendidikan Non Formal (PNF) atawa Pendidikan Masyarakat (Dikmas) Dinas Pendidikan (Disdik) Kabupaten Bandung ngagelar Webinar Series Literasi Numerasi keur para tutor Pusat Kegiatan Belajar Masyarakat (PKBM), Rebo 28 Februari 2024.
Kabid PNF Disdik Kabupaten Bandung,
Agus Deradjat, M.Pd nyebutkeun webinar rukun gawè Disdik Kabupaten Bandung jeung Komunitas Literasi Pelaksana Program Literasi Numerasi Kabupaten Bandung (PPLNKB) nu dipupuhuan ku Deti Jubaedah,S.Pd, M.MPd jeung Hildawati,S.Pd,M.Ap.
Wibiner, ceuk Agus, diluan ku sakum PKBM nu aya di Kabupaten Bandung ku wawakilna kalayan jumlah pamilon 73 PKBM.
Webinar nu dijejeran "Kiat Sukses Ujian Kesetaraan (UK) ", ceuk Agus digelar di SDN Soreang 01 sacara daring.
Agus Derajat nètèlakeun, tujuan tina webinar keur ngaronjatkwun kapasitas (kompetensi) para tutor.
"Webinar Literasi Numerasi torobosan, ku margi periode sateuacanna teu kantosn diayakeun. Disdik Kabupaten Bandung kacida ngarojong sareng umajak sakum tutor PKBM sakabupaten Bandung kanggo aub," pokna.
Ketua Kumunitas PPLKB, Deti Jubaedah, ngaku ngarasa syukur webinar bisa diiluan saban lembaga PKBM. inyana ngaku Komunitas PPLKB teu welèh narèkah ngaronjatkeun literasi numerasi para tutor PKBM.
Webinar, ceuk Deti dilaksanakeun nuluy kakayan 5 seri. "Nu ngawitan tos dilaksanakeun sacara luring di SKB. Dinten ieu webinar kadua dilaksanakeun secara daring, " pokna.*** Sopandi