Runtuyan Acara Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, Masarakat Ukur Lalajo?

- 17 April 2024, 17:26 WIB
Mieling milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, warga ukur bisa lalajo.
Mieling milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, warga ukur bisa lalajo. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Kabupatem Bandung ngadeg dumasar Piagam Sultan Agung Mataram nu titimangsana 9 Muharam taun alif ningggang poè Saptu, 20 April 1641 Masehi.

Dumasar ieu bukti sajarah ditetepkeun Surat Keputusan nomer : SK.10:10/KPTS/DPRD/1973 ngeunaan hari jadi Kabupaten Bandung 

Nya, dina tanggal 20 April 2024
Kabupaten Bandung panceg 383 taun. Dina raraga ngareuah-reuahna, sajumlah kagiatan digelar ku pamarèntah Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Dina Halalbihalal Pemda Bandung Bupati Ngapresiasi 98,2 Persen ASN Ngantor Satutas Perè Lebaran

Ketua Panitia Hari Jadi ke 383 Kabupaten Bandung nu ogè Sekda Pemda Bandung Tjakra Amiyana ngajelaskeun, agenda kagiatan milangkala ka-383 Kabupaten Bandung garis badagna dua agenda: agenda kagiatan poko jeung agenda tambahan.

Ceuk Amiyana, agenda kagiatan poko dimimitian gladi milangkala ka-383 Kabupaten Bandung jeung Hari Kartini ka-145 tur Ziarah ka makam parabupati Bandung, Rebo, 17 April 2024.

"Ziarah ka makam para mantan Bupati Bandung Pa Bupati ngalongok sababaraha lokasi di antarana Taman Makam (TM) Pahlawan Cikutra, TM Dalem Kaum, TM Karang Anyar, TM Caringin (Porib) sareng TM Dayeuhkolot," ceuk Sekda Tjakra Amiyana, Rebo, 17 April 2024.

Kagiatan poko dina poèanana ceuk Amiyana: Upacara Peringatan Hari Jadi ke-383 Kabupaten Bandung jeung Hari Kartini ka-145 Tingkat Kabupaten Bandung Tahun 2024 jeung Sidang Paripurna Istimewa DPRD Kabupaten Bandung nu dilaksanakeun, Saptu, 20 April 2024.

Baca Juga: Apel Munggaran Satutas Perè Lebaran 1445 H/2024 M, ASN Pemkab Bandung 98,2 Persen Hadir

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x