Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung di Kecamatan Margahayu Magelarkeun Wayang Golèk

- 15 April 2024, 15:14 WIB
Camat Margahayu Bandung, Nardi Sunardi, SE., M.Si.
Camat Margahayu Bandung, Nardi Sunardi, SE., M.Si. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tanggal 20 April 2024 umur Kabupaten Bandung panceg 383 taun. Bupati Bandung, Dadang Supriatna hayangeun dina ngareuah-reuah milangkala Kabupaten Bandung teu ukur dipuseurkeun di komplek Pemda Bandung di Soreang, tapi tepi ka tingkat kecamatan sangkan masarakat apaleun milangkala Kabupaten Bandung saban tanggal 20 April.

Saperti di Kecamatan Margahayu, ditètèlakeun Camat Margahayu, Nardi Sunardi, SE, M. Si,  panitia keur nyaipkeun kagiatan lomba-lomba nu ngaubkeun saban unsur masarakat sangkan masarakat apal saban tanggal 20 April tèh milangkala Kabupaten Bandung.

"Dina taun 2024 ieu, mièling Kabupaten Bandung nu ka-383," ceuk Nardi, Senèn (15/4/2020). Keur tingkat Kabupaten Bandung, Nardi, nyajentrekeun, aya lomba Bandung Bedas Kreatifitas  nu  digelar  19-21 April 2024 jeung lomba Karnaval dina tanggal 21 April 2024.

Baca Juga: Khutbah Idul Fitri DKM Al-Haq Margahayu Bandung: Ulah Ngarasa Cukup Pèdah Geus Rèngsè Ibadah di Bulan Romadon

Pikeun tingkat Kecamatan Margahayu, ceuk Nardi, 20 April 2024, iwal ti ngagelar upacara milangkala nu ka-383 Kabupaten Bandung, ogè ngagelar lomba tumpeng, lomba produk UMKM & Jalan Santai di SMPN 1 Margahayu.

"Peutingna pagelaran kesenian nu ngaubkeun sakumna unsur masarakat sareng wawakil saban desa, turta ditutup ku pagelaran wayang golek di palataran Komplek Permata Kopo, " ceuk Nardi.

Dina unur 383 Kabupaten Bandung, Nardi miharep masarakat Kecamatan Margahayu  paham ma'na jeung ajèn luhur tur mibanda daya saing daerah. "Luyu sareng visi missi Kabupaten Bandung BEDAS (Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis dan Sejahtera). " pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x