Munggaran Mancen Jadi Mantri Pulisi Ayeuna Nardi Sunardi Balik deui ka Margahayu Jadi Camat

- 6 April 2024, 02:41 WIB
Camat Margahayu Kabupaten Bandung, Nardi Sunardi, SE., M. Si.
Camat Margahayu Kabupaten Bandung, Nardi Sunardi, SE., M. Si. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kaitung ti 22 Maret 2024, Nardi Sunardi, SE., M. Si, nyangking jabatan Camat Margahayu, Kabupaten Bandung, ngagantikeun Hj. Tati Suharyati, S. H., M. S.i nu karek 6 bulan jadi Camat Margahayu.

Nardi Sunardi dipindahtugaskeun ti Kecamatan Ciwidey, salasahiji ti 300 pajabat leuwih nu dirotasi jeung dimutasi di lingkungan pamarentah Kabupaten Bandung dina 22 Maret 2024 sawatara waktu kaliwat.

Pikeun Nardi, geus teu aneh aya di kecamatan gerbangna atawa wates antara Kabupaten Bandung jeung Kota Bandung teh da puguh inyana urang Margahayu.

Baca Juga: DKM Masjid Al-Haq Margahayu Ngaubkeun Rumaja dina Ngeusi Ceramah Samèmèh Tarawèh

Iwal ti kitu, dina taun 2003 tepi ka 2008 inyana kungsi ngajabat Mantri Pulisi, nu tuluy robah jadi Kasi Tantrib di kecamatan nu nalingakeun 4 desa 1 kelurahan teh. Harita Kelurahan Sulaiman masih kènèh desa, nu dina taun 2005 jadi kelurahan.

Ti Kecamatan Margahayu, Nardi ngalantrah ka sababaraha kecamatan, geus 16 kali ngalaman rotasi jeung mutasi.

Tas ti Kecamatan Margahayu Nardi jadi Kasipem di Kecamatan Katapang salila 2 taun 6 bulan. Tuluy jadi Kasi Pemberdayaan di Kecamatan Rancabali kurang leuwih 7 bulan. Pindah ka Kecamatan Arjasari masih jadi Kasipem.

Ti dinya jadi Kasi Pemberdayaan di Rancabali kurang leuwih7 bulan, pindah ka Kecamatan Kertasari Kasi Sosbud kurang leuwih 8 bulan, pindah ka Arjasari Kasi Sosbud 3 taunan. Kungsi jadi Lurah di Kelurahan Pasawahan, Kecamatan Dayeuhkolot, jeung jabatan sèjènna.

Baca Juga: PPK Kecamatan Margahayu Rèngsè dina Poè Katilu Rekapitulasi Tingkat Kabupaten Bandung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x