DKM Masjid Al-Haq Margahayu Ngaubkeun Rumaja dina Ngeusi Ceramah Samèmèh Tarawèh

- 31 Maret 2024, 22:27 WIB
DKM Al-Haq Margahayu ngaubkeun rumaja masjid dina ceramah samèmèh tarawèh.
DKM Al-Haq Margahayu ngaubkeun rumaja masjid dina ceramah samèmèh tarawèh. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -DKM Masjid Al-Haq Desa Margaahyu Selatan, Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, maneuh ngaubkeun rumaja masjidna dina ceramah samèmèh solat tarawèh. Jadwalna diselang sekar jeung ustad nu kawilang senior atawa ustad ti luar wewengkon Margahayu.

Rumaja masjid tèh hasil gemblengan saban bada Magrib saluareun bulan Romadon, jeung ngised waktuna samèmèh magrib (bada Asyar) dina bulan Romadon.

Dina maleman ka 21 Romadon, ninggang dina tanggal 31 Maret 2024, rumaja masjid Nabil Jasir Hibatilloh kabagean nepikeun ceramahna.

Baca Juga: Bupati Ngaluuhan Pangajian di Mesjid At - Ta'awwun Majalaya Siap Nuluykeun Program Bedas

Nabil nepikeun ngeunaan dua tingkatan nu puasa. Tingkatan kahiji nyaèta nu puasa nyinglar panyaram Alloh, barang dahar, nginum, jeung perkara sèjènna nu dicaram nalika puasa. Nya tingkatan kahiji ieu bakal meunang karunia jeung pahala nu gede.

Sakumaha hadits riwayat Ahmad: "Mun seug anjeun ngajaga diri tina hiji hal ku lantaran Alloh, tanwandè Alloh baris mèrè nu leuwih alus ti dinya. "

Puasa tingkatan kadua, Nabil ngajèntrèkeun , nyaèta puasa nahan diri tina pirang-pirang nu ku Alloh diharamkeun boh di bulan Romadon boh saluareun Romadon. "Janten taat sanès dina sasih Romadon waè, " pokna dina minbar.

Nabil neruskeun, taat salalawasna, konsisten dina ngajalankeun parèntah Alloh jeung nyingkahan naon-naon nu dicaram-Na, ninggalkeun kanikmatan dunya tur miharep wawales di aherat engkè.

"Janten, di antara dua tingkatan ieu nu pangluhurna nyaèta tingkatan kadua, nyaèta taat ka Alloh salalawasna, teu ukur dina bulan Romadon, " ceuk Nabil, tuluy ngaraweuy ku kalimah nutup ceramahna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x