Sababaraha Kali Diusulkeun Diwangun, Sasak Cikeruh Antukna Diresmikeun Bupati Bandung

- 30 Maret 2024, 19:31 WIB
Sasak Cikeruh di Kabupaten Bandung.
Sasak Cikeruh di Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID- Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaresmikeun Sasak Cikeruh di Desa Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Saptu, 30 Maret 2024.

Bupati miharep sasak nu panjangna 30 meter nu ngahubungkeun Kecamatan Bojongsoang jeung Ciparay teh gedè manpaatna pikeun masarakat.

Dadang Supriatna nyebutkeun sasak nu diwargadan beyana kana Rp 12 miliar, kaasup béya ngeruk Walungan Cikeruh tèh bisa ngungkulan caah di wewengkon Sapan Tegalluar jeung sabudeureunana.

Baca Juga: Bupati Bandung Jadi Inspektur Upacara Pangbagèa Purna Tugas Satgas Pamtas Mobile Yonif 330/ Tri Dharna

"Ieu tèh momen sajarah, kumargi sasak ieu tos lami dianti ku masarakat Tegalluar sareng sabudeureunana, " ceuk Dadang Supriatna bari ngedalkeun bismillahirrahmanirrahim, marengan diresmikeunana Sasak Cikeruh.

Dadang Supriatna nètèlakeun, sasak  ihhtiar pikeun ngèntèngkeun aksesibilitas jeung ngaronjatkeun konektivitas warga di sababaraha kecamatan nu samèmèhna dipisahkeun ku Walungan Cikeruh.

Inyana nyebutkeun, pangwangunan Sasak Cikeruh jeung sababaraha hiji pangwangunan infrastruktur sèjènna bukti nyata komitmen Pemkab Bandung dina legana pangwangunan infrastruktur nu alus di Kabupaten Bandung.

"Ieu tèh impenan masarakat Tegallua sareng sabudeureunana. Kumargi simkuring ngaraoskeun langsung kaayan banjir sareng runtah patalayah abada banjir kumargi Sasak Cikeruh sateuacanna depek teuing ngahalangan ngamalirna cai, " ceuk Dadang Supriatna.

Baca Juga: Dina Rembug Bedas, Kepala Desa Lampegan Miharep 13 Program Prioritas Bupati Bandung Nuluy

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x