Bupati Bandung Neueulkeun Pentingna Ngadayakeun Wanita ti Girang ka Hilir

- 1 Mei 2024, 06:27 WIB
rapat koordinasi (rakor) Cegah Bencana Bersama Petugas di Lapangan Bangga Kencana di Gedung Dewi Sartika, Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Selasa, 30 April 2024.
rapat koordinasi (rakor) Cegah Bencana Bersama Petugas di Lapangan Bangga Kencana di Gedung Dewi Sartika, Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Selasa, 30 April 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ngungkulan stunting kudu kolaborasi sakum pihak, turta teu meunang aya ego sektoral. Ku kituna Pemkab Bandung terus ngalakukeun ngadayakeun kaum wanoja ti girang tepi ka hilir pikeun ngabentuk barudak nu mibanda karakter jeung ahlak mulia.

Pemkab Bandung teu welèh ngedukasi masarakat dina tarèkah ngungkulan stunting .

Kituna ditepikeun Bupati Bandung, Dadang Supriatna, waktu ngaluuhan rapat koordinasi (rakor) Cegah Bencana Bersama Petugas di Lapangan Bangga Kencana di Gedung Dewi Sartika, Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Selasa, 30 April 2024.

Bupati Bandung dibarengan Ketua TP PKK Kabupaten Bandung, Emma Dety Dadang Supriatna, jeung Kepala Dinas Pengendalian Penduduk Keluarga Berencana Pemberdayaan Perempuan dan Perlindungan Anak (DP2KBP3A) Kabupaten Bandung M. Haerun. Diluuhan ogè ku kana 200 kader ti 31 kecamatan jeung  desa di Kabupaten Bandung.

Bupati Bandung nyebutkeun, satiap taun populasi jumlah cacah jiwa di Kabupaten Bandung undak kana 1,8 persen. Danget ayeuna jumlah warga Kabupaten Bandung nepi kana 3,7 juta urang.

"DP2KBP3A bisa ngadalikeun warga, tapi kedah malirè ogè kana karaharjaan masarakatna," ceuk Dadang.

Bupati ngapresiasi DP2KBP3A Kabupaten Bandung lantaran geus bisa ngajalankeun keluarga berencana. Samèmèhna populasi penduduk di Kabupaten Bandung luhur, ayeuna mah relatif stabil.

Bupati neueulkeun pentingna ngadayakeun wanoja. Inyana mireng danget ayeuna para pagawè tanaga kasar lolobana ti kaom wanoja. Sabab wanoja leuwih tumut  batan lalaki.

"Di pabrik seuseueurna padamel wanoja margi padamel wanoja mah langkung motèkar sareng rajin. Seueur wanoja janten kepala rumah tangga sareng ibu rumah tangga. Ieu tèh kedah disanghareupan, " ceuk Dadang Supriatna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah