Wanadri 60 Taun Diadegkeun Alatan Kuciwa ku Kagiatan Pramuka

- 6 Mei 2024, 15:12 WIB
Diksar pamungkas Wanadri di basisir Indramayu, Jawa Barat (Foto IG@wanandri).
Diksar pamungkas Wanadri di basisir Indramayu, Jawa Barat (Foto IG@wanandri). /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kelompok pencinta alam Wanadri teh di nagara urang nu pangheulana ngadeg di nagara urang. Taun 2024 ayeuna Wanadri umurna satengah abad punjul sapuluh taun.

Caturkeun genep urang nonoman di Bandung nu aktif dina gerakan Pandu ngarasa kuciwa pedah Pramuka (Istilah Pandu diganti jadi Pramuka tanggal 14 Agustus 1961) kagiatanana teu kawas Pandu. Ari Pandu leuwih neueulkeun kana pecinta alam, unggah turun gunung, ngalalana di leuweung, kukucuprakan di walungan, jeung sajabana.

Ari dina Pramuka anu ngaranna kagiatan pecinta alam dikurangan, kagiatanana leuwih loba di hiji tempat, diajar baris berbaris, diajar marsose, jeung sajabana. Kemahna oge lain di leuweung, lain di tempat hara-haraeun, tapi di lapangan nu teu jauh ti pilemburan, henteu hese mun ngala cai keur masak jeung keur mandi teh.

Eta nonoman nu genep teh: Harry Hardiman Soebari (mahasiswa FE Unpad), Ronny Nurzaman (mahasiswa ITB), Bambang Pramono (mahasiswa Unpar), Satria Widjaja Somantri, Eddy Achmad Fadilah, jeung Achmad Hidayat, saterusna kaluar ti gerakan Pramuka sarta ngadegkeun kelompok pecinta alam.

Dina riungan 17 Januari 1964, genepanana sapuk kelompok pecinta alamna dingaranan Perhimpunan Penempuh Rimba dan Pendaki Gunung Wanadri. Visina ngabentuk nonoman Indonesia nu tanggoh, tabah, sarta percaya kana kakuatan diri sorangan. Wanadri diresmikeun 16 Mei 1964 nu saterusna dijadikeun titi mangsa milangkala Wanadri.

Bareng jeung diresmikeunana Wanadri, dikukuhkeun angkatan kadua anggota Wanadri, Angkatan Pelopor. Anu genepan mah disebutna teh Angkatan Pendiri. Udaganana aub dina ngabangun Tanah Air, Bangsa jeung Nagara Republik Indonesia ku cara meuseuh pamuda pamudi kalayan sarana atikanana alam bebas.

Wanadri asalna tina kecap “wana” jeung “andri”. Wana hartina leuweung, andri hartina gunung, gunung di tengah leuweung. Ieu ngaran luyu jeung kagiatanana, unggah turun gunung, ari gunung apan teu bisa dipisahkeun jeung leuweung. Teu kacatur saha nu boga pamikiran dingaranan Wanadri, ngan bisa dipastikeun hasil kasapukan.

Diitung ti titimangsa diresmikeunana, tepi ka 16 Mei 2024 ayeuna, Wanadri umurna geus 60 taun, satengah abad punjul sapuluh taun. Najan Wanadri geus kawilang kahot, tapi ari sekretariatna mah mindeng pundah-pindah. Kungsi di Jalan Wastukancana, pindah ka Jalan Aceh, ayeuna di Dago nu jauh ti pakotaan sarta rada hese didongkangna.

Najan kitu, Wanadri konsisten nyekel pageuh jati dirina nu digariskeun ku para pendirina. Di antara kagiatanana teh Pendidikan Dasar Wanadri (PDW) nu lilana sabulan diayakeun dua sataun sakali, biasana dina bulan Agustus. Tempat latihanana di Situ Lembang nu oge sok dipake latihan ku anggota Kopassus.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah