Kungsi Leungiteun Mang Ihin Seren Taun di Cisungsang Banten

- 5 Februari 2024, 12:14 WIB
Upacara adat Seren Taun di Kampung Adat Cisungsang, Banten.
Upacara adat Seren Taun di Kampung Adat Cisungsang, Banten. /

 

GALURA.CO.ID -Di Tatar Sunda, salasahiji  masarakat nu tuhu kana warisan luluhurna teh masarakat Cisungsang Kabupatén Lebak Banten. Mang Ihin mindeng ka Cisungsang sarta kungsi ngagehgerkeun.

Upacara adat Seren Taun, di Cisungsang, Kacamatan Cibeber, iraha-irahana dilaksanakeun dumasar hasil gempungan parasesepuh Cisungsang. Aya itungan jeung patokanana. Teu otomatis tas panen teh langsung diayakeun seren taun, kalan-kalan leuwih ti sabulan tas panen karek seren taun.

Kurang-leuwih saminggu memeh Seren Taun, Cisungsang geus rame. Aya hiburan rayat, pasar malem, jeung sajabana. Dina waktuna, urang Cibeber anu ngesto ka Olot, tumplek daratang. Malah, urang Cisungsang anu aya di luar kota, kayaning di Bandung, Bogor, jeung Jakarta, ngahaja balik  heula ka Cisungsang.

Baca Juga: Nyirorot 50 Persen Wisatawan nu Ulin ka Tempat Wisata Bandung Kidul Kabupaten Bandung

Upacara adat Seren Taun  teh sacara gurat badagna mah dibagi  dua  bagian. Kahiji balik rendangan, kulawarga turunan kasepuhan Banten Kidul ngariung di imah Abah Usep. Ngalaporkeun ngeunaan hasil tatanen. Daratangna teh bari mawa seupaheun, daun bako, jeung hasil tatanen, kaasup palawija. 

Kadua ngareremokeun, ngasupkeun pare ti sawah kana leuit (lumbung). Nu pangheulana ngampihkeun pare teh sesepuh Cisungsang. Parena diwadahan kana dingkul 9 siki. Diasupkeunana kana indung leuit, leuit nu parena keur cadangan masarakat Cisungsang. Dipakena di mana perlu pisan, keur kapentingan warga.

Dingkul nu jumlahna salapan teh ngagambarkeun Wali Sanga  nu nyebarkeun agama Islam di Pulo Jawa, kaasup di Banten. Ari ngareremokeun taya lian ti keur ngahormat  Dewi Sri atawa Nyi Pohaci, dewi kasuburan dina kosmologi Cisungsang. Memehna diayakeun heula upacara ritual, maca jangjawokan jeung ngadu’a.

Sanggeus pare diasupkeun kana  indung leuit anu aya di buruan imah sesepuh adat, masarakat ngasupkeun parena kana leuitna sewang-sewangan. Di Cisungsang, sanggeus pare dipanen,  teu buru-buru diasupkeun kana leuit, tapi ditunda heula di luar sanggeus dibeungkeutan atawa dipangkek.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah