BAZNAS Kabupaten Bandung Ngayakeun Kurban Berkah ti BAZNAS RI jeung Kaum Muslimin

- 19 Juni 2024, 11:30 WIB
BAZNAS Kabupaten Bandung meunang domba 75 ti BAZNAS RI.
BAZNAS Kabupaten Bandung meunang domba 75 ti BAZNAS RI. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Badan Amil Zakat Nasional (BAZNAS) Kabupaten Bandung ngalaksanakeun program Kurban Berkah BAZNAS lobana 80 domba.

Domba ti program BAZNAS RI nu ngajalin kamitraan jeung BAZNAS Kabupaten Bandung sajumlah 75 domba.

"Ari 5 domba deuititipan ti kaum muslimin ka BAZNAS Kabupaten Bandung," ceuk Ketua BAZNAS Kabupaten Bandung, H. Yusuf Ali Tontowi, di kantor BAZNAS Kabupaten Bandung Jalan Raya Al- Fathu Soreang, Salasa,18 Juni 2024.

Ceuk Yusuf, program kurban BAZNAS RI disalurkeun ka BAZNAS kabupaten kota di sakuliah Indonesia, kaasup Kabupaten Bandung. "Simkuring saparakanca ngahaturkeun nuhun ka BAZNAS RI nu geus nyalurkeun hewan kurban ka mayarakat Kabupaten Bandung," poknna.

Kabèh sato kurban geus dipariksa kesehatanana kaasup beuratna, jangkung awakna.

"Kriteria domba nu baris dikurbankeun kacida ketat kalebet dina kasehatan jeung ngabagina," ceuk Ketua BAZNAS  Kabupaten Bandung nu dibarengan para wakil Ketua BAZNAS Kabupaten Bandung.

Iwal ti èta, BAZNAS Kabupaten Bandung ogè ngayakeun kurban sapi nu gawè bareng Organisasi Perangkat Daerah (OPD) Pemkab Bandung.

"Dana kurban ti para pajabat jeung para ASN Kabupaten Bandung dikokolakeun BAZNAS.  Sapi didistribusikeun ka kecamatan-kecamatan, ormas Islam atawa organisasi profesi," pokna.

Iwal ti kitu, aya ogè ASN nu nitipkeun hewan ka BAZNAS Kabupaten Bandung jeung geus didistribusikeun ka masarakat. "Simkiring saparakanca nawiskeun sajumlah paket harga sapi jeung domba nu bisa dipilih kaum Muslimin kalebet para ASN," pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah