SMA Pasundan 7 Bandung, Ngagelar Acara Paturay Tineung

- 28 Juni 2024, 16:28 WIB
Dua siswa minangka wawakil 173 alumni kelas XII SMA 7 Pasundan Kota Bandung, keur sungkem KA Pupuhu, Drs. Surachman, M.Pd. dina Paturay Tineung (27/06/2024).
Dua siswa minangka wawakil 173 alumni kelas XII SMA 7 Pasundan Kota Bandung, keur sungkem KA Pupuhu, Drs. Surachman, M.Pd. dina Paturay Tineung (27/06/2024). /Cecep/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Acara Paturay Tineung 173 siswa Kelas XII SMA Pasundan 7 Bandung, lumangsung poe Kemis (27/06/2024) di Grand Pasundan Convention Hotel, JalanPeta 147, Kota Bandung.

Dina biantarana, Ketua YPDM Pasundan, Dr.H.Dadang Mulyana, M.Si., miharep sakumna siswa didik alumni SMA Pasundan 7, ulah Kate, " teruskeun sakola KA Paguron luhur," pokna.

Bawirasa, ceuk Dadang, di lingkungan Paguyuban Pasundan, Aya Universitas Pasundan nu fakultas jeung prodina rageman, siap narima lulusan SMA jeung SMK nu boga karep neruskeun kuliah.

"Di Unpas, galituk guru besar jeung para dosen nu mibanda prestasi akademik," pokna.

Lian TI ngawilujengkeun ka para siswa nu katarima di PTN ngaliwatan jalur SNBP jeung SNPMB, Dadang daria ngarojong karep siswa nu rek digawe di saniskara pausahaan jeung siswa nu rek jadi wirausaha.

"Didamel dimana wae ge sami bae, nu penting lebet damel di pausahaan, euyeuban heula diri urang ku kamampuhan nu diperlukeun ku pausahaan. Atuh, NU Bade wirausaha, pilari pangsa usaha nu gampil ditarima ku pasar, prodak usaha naon nu gampang dijual," pokna.

Ngajawab pananya Galura, Kepala SMA Pasundan 7 Bandung, Drs. Surachman, M.Pd., netelakeun, program gawe nu dironjatkeun dirina, nyoko kana pangwangunan SDM guru jeung karyawan.

"Jumlah guru 39 urang, kari 10 urang deui nu teu acan S2. Ku simkuring, dijurung ngarengsekeun kuliahna, kaleresan sakola rukun gawe sareng Pasca Sarjana Unpas, biaya kuliahna aya discon dugika 50 persen. Atuh, abdi minangka pupuhu, moal ngantep, tangtos keur para guru nu neruskeun kuliah di S2 Unpas, baris oge nyumbang biaya kuliahna," pokna.

Sataun cepeng kalungguhan, ieu caroge Susi Sopiati, ST nu geus boga bati dua budak teh, engeuh, kawijakanna nyoko kana ngaronjatkeun sarana jeung prasarana di lingkungan SMA Pasundan 7 Bandung.
"Sarana di sakola kedah dilengkepan, kakuranganna ditambalan, Kitu deui karaharjaan guru sareng karyawan kedah dironjatkeun," pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah