Pangajaran Basa Sunda, Kecap Kantetan

- 29 Juni 2024, 20:00 WIB
Buku pangajaran basa Sunda keur SD.
Buku pangajaran basa Sunda keur SD. /

Kecap Kantétan Rakitan Dalit

  1. Basa Pa Enjum balik ti kantor, panonpoé geus lingsir ngulon.
  2. Sakurilingeun imahna dipager ku tangkal kacapiring.
  3. Budak gedéhulu mah tangtu bakal dijauhan ku batur.

Kecap panonpoé, kacapiring, gedéhulu di luhur téh sabenerna diwangun ku dua kecap, ngan pédah ditulisna dihijikeun. Panonpoé = kecap panon jeung poé, kacapiring = kaca jeung piring, gedéhulu = gedé jeung hulu. Tah kecap-kecap nu diwangun ku dua kecap asal tur cara nuliskeunana dihijikeun éta téh kecap kantétan anu unsur-unsur pangwangunna geus dalit. Nya sok disebut kecap kantétan rakitan dalit.

Kecap kantétan téh salahsahiji bagian tina kecap turunan atawa kecap jembar. Ciri kecap kantétan dalit, dua unsur nu ngawangun éta kecap teu bisa diselapan ku kecap-kecap séjén. Contona, panonpoé teu bisa diselapan ku panon anu poé atawa panon jeung poé, sabab jadi béda hartina.

Kalimah Ngantét Sélér- sumélér

Ti heula geus diterangkeun perkara kalimah ngantét satata atawa sadarajat. Ayeuna urang guar ngeunaan kalimah ngantet sélér-sumélér (teu satata). Ciri kalimah sélér-sumélér téh salah sahiji caritanana jadi bagian sélér tina caritaan nu séjénna. Geura titénan contona.

  1. Rusdi ngedul diajar.
  2. Rusdi teu naék kelas.
  3. Lantaran ngedul diajar, Rusdi teu naék kélas.

Dina kalimah (3) katitén, yén caritaan dina kalimah (1) téh mangrupa bagian tina caritaan kalimah (2). Ku kituna, kalimah (2) ogé sok disebut kalimah lulugu, sedeng kalimah (1) sok disebut kalimah sélér.

Ciri séjén tina kalimah ngantét sélér-sumélér téh nya éta susunan kalimahna bisa dibulak-balik. Upamana baé: Lantaran ngedul diajar, Rusdi teu naék kelas. bisa ogé dibalikeun jadi : Rusdi teu naék kelas, lantaran kedul diajar.

Conto séjén:

  1. Waktu kongkorongok hayam sakali kuring miang ka kota.
  2. Jang Ayo nyokot kuéh sabot indungna bongoh.
  3. Sabada solat Asar, manéhna gesat-gesut dangdan.
  4. Wawang mah kacida gemina, ku sabab éta babari beunghar.
  5. Basa kuring keur ngalamun manéhna datang.

Tengetan conto di handap ieu :

  1. Poékeun seuseuhan téh dina sampayan!
  2. Meulina kudu losinan méh murah.
  3. Ahmad teu sakola cenah jéngkoleun.
  4. Budak kuuleun mah moal dipikaresep.
  5. Tuh anak munding téh geus tandukan.

Kecap-kecap ; seuseuhan, sampayan, jéngkoleun. losinan, kuuleun,, tandukan, éta kecap-kecap téh ngabogaan rarangkén tukang -an atawa -eun.

Éta dua rarangkén téh ngawangun kecap rundayan nu kaitung remen kapanggih.

Rarangkén tukang -an, gunana pikeun :

  1. Ngawangun kecap pagawéan nu ngandung harti :maké (dina kalimah nitah) ; caian, gedéan, jieun, jadikeun ; jangkungan, beureuman, jsté. supaya dikeunaan kalakuan ; luncatan, diukan, jsté. sababaraha kali ngalakukeunana atawa loba obyékna : tulisan, teunggeulan, jsté.
  2. Ngawangun kecap barang nu ngandung harti : tempat: gantungan, sampayan, buruan, parabot: takeran, sipatan, timbangan, jalma nu loba : duaan, tujuhan, opatan.
  3. Ngawangun kecap kaayaan nu ngandung harti : boga sifat nu mangrupa bakat : daékan, borangan, kandulan, leuwih: alusan,bodasan kénéh baju ieu padahal.
  4. Rarangkén -eun gunana pikeun :
  5. Ngawangun kecap kaayaan nu ngandung harti : kasakit; cacingeun, hileudeun, jéngkoleun, bakat : kuuleun, tikoro kotokeun,boga sifat: hulupeutieun, harigu manukeun, beuteung anjingeun, aya dina kaayaan/ ngarandapan : tinggaleun, leungiteun, jalma katilu nu aya dina kaayaan : manéhna hayangeun milu, éraeun geura.
  6. Ngawangun kecap barang nu ngandung harti naon-naon nu baris dipigawé : dahareun, beuleumeun, seupaheun.
  7. Ngawangun kecap pangantét nu ngandung harti dibeulah : handapeun, gigireun
  8. Ngawangun kecap kaayaan/ bilangan : sabajueun, saimaheun, saratuseun.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah