Ketua DPP PAN Ngajelaskeun Pangna PAN Koalisi jeung PKB, Thoriqoh 'Harga Mati' keur Eksanti

- 1 Juli 2024, 07:30 WIB
Ti kénca: Sekretaris DPD PAN Eep Jamaludin Sukmana (macakeun deklarasi), Eksanti (Calon Wakil Bupati Bandung ti PAN), Ketua DPD PAN Kabupaten Bandung Thoriqoh Nasrullah F, Ketua DPP PAN Ahmad Najib Qodratullah, jeung Ketua DPC PKB Kabupaten Bandung Dadang Supriatna (Calon Bupati Bandung incamben).
Ti kénca: Sekretaris DPD PAN Eep Jamaludin Sukmana (macakeun deklarasi), Eksanti (Calon Wakil Bupati Bandung ti PAN), Ketua DPD PAN Kabupaten Bandung Thoriqoh Nasrullah F, Ketua DPP PAN Ahmad Najib Qodratullah, jeung Ketua DPC PKB Kabupaten Bandung Dadang Supriatna (Calon Bupati Bandung incamben). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Ketua DPP Partai Amanat Nasional (PAN) Ahmad Najib Qodratulloh ngajelaskeun pangna PAN koalisi jeung Partai Kebangkitan Bangsa (PKB). Ceuk Najib, potensi Dadang Supriatna luar biasa dina pangwangunan Kabupaten Bandung.

"Kanggo pangwangunan nu parantos ditaratas  peryogi disampurnakeun ku cara dilajengkeun. Tah, DPP PAN ningal ieu potensi  kedah dijaga. Simkuring urang Sunda, aya paribasa ulah cacag nangkaeun. Mugi-mugi ayana PAN sareng koalisi nu tos dibangun nambihan kelir, janten arah ngajugjug kasampurnaan dina raraga ngawangun Kabupaten Bandung, " ceuk Ahmad Najib satutas Deklarasi PAN Bedas Lanjutkan di Taman Soreang Jalan Cebek Desa Karamatmulya Kecamatan Soreang Kabupaten Bandung, Ahad, 30 Juni 2024.

Dina deklarasi, iwal ngadukung Ketua DPC PKB Kabupaten Bandung Dadang Supriatna jadi calon Bupati Bandung, PAN ogè nyodorkeun kaderna, Eksanti jang calon Wakil Bupati Bandung peropde 2024-2029.

Pihakna ceuk Ahmad Najib nungguan musarawarah ti Ketua Partai nu aya dina koalisi Bedas sangkan sagancangna bisa nyindekeun saha kira- kira pasangan Calon Bupati jeung Calon Wakil Bupati Bandung. "Lajuninglakuna dina keputusan SK engkè, " pokna.

Ketua DPD PAN Kabupaten Bandung Thoriqoh Nashurullah nambahkeun, ngajukeun calon Wakil Bupati ti kader PAN, Eksanti keur koalisi Bedas ngarupakeun "harga mati". Najan PAN merjuangkeun Eksanti kudu jadi Wakil Bupati Bandung marengan Dadang Supriatna, nganThoriqoh ogè rèk tumut kana proses di koalisi.

"Upami PAN sih harga mati kanggo Teh Eiksanti, tapi kan sagalana memang kedah wangsul deui ka koalisi. Simkuring pasti badè ngiring sasarrngan ngagodogdi koalisi," ceuk Thoriqoh.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah