Deklarasi PAN Bedas Lanjutkan Ngajurung Dadang Supriatna Jadi Bupati Deui Ngasongkeun Eksanti Jadi Wakilna

- 30 Juni 2024, 20:30 WIB
Deklarasi PAN Bedas Lanjutkan di Taman Soreang,  Ahad, 30 Juni 2024.
Deklarasi PAN Bedas Lanjutkan di Taman Soreang, Ahad, 30 Juni 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Partai Amanat Nasional (PAN) resmi koalisi jeung Partai Kebangkitan Bangsa (PKB) dina Pilkada Kabupaten Bandung nu bakal digelar 27 Nopember 2024.

Ieu dibuktikeun ku digelarnan Deklarasi PAN Bedas Lanjutkan nu lumangsung di Taman Soreang, Jalan Cebek, Desa Karamatmulya, Kecamatan Soreang Kabupaten Bandung, Ahad, 30 Juni 2024 sore.

Sekretaris DPD PAN Kabupaten Bandung, H. Eep Jamaludin Sukmana, macakeun ikrar deklarasi Koalisi PAN jeung PKB, sakaligus nandeskeun dukungan ka Ketua DPC PKB Kabupaten Bandung, Dadang Supriatna jadi calon Bupati Bandung tur ngajukeun Eksanti jadi Calon Wakil Bupati Bandung dina Pilkada 27 Nobember 2024.

Calon Wakil Bupati Bandung nu diusulkeun PAN, Eksanti ngaku siap jadi Calon Wakil Bupati Bandung. " Insyaalloh simkuring siap luyu sareng parèntah sareng rekomendasi ti DPP PAN. Kumargi kitu simkuring yakin simkuring siap-siap majeng kanggo nyarengan Kang DS, sareng siap nyukseskeun Pilkada Kabupaten Bandung, " pokna.

Ketua DPC PKB Kabupaten Bandung Dadang Supriatna, nu ogè calon Bupati Bandung ti PKB nganuhunkeun ku dukungan ti PAN. Inyana miharep Tim Pilkada sagancangna ngarumuskeun saha nu baris mareangan dirina.

Deklarasi PAN Bedas Lanjutkan, ceuk Dadang Supriatna hiji kakuatan politik nu ngabogaan basis masa cukup  kuat ngahiji deuin pikeun nguatkeun dirina calon Bupati Bandung periode 2024-2029.

Ku Deklarasi PAN Bedas Lanjutkan, nya tepi ka danget ayeuna geus aya opat parpol nu ngahiji dina Koalisi Bedas: PKB, Gerindra, Demokrat, NasDem, jeung PAN.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah