Sherly Kusuma, Bojona Ketua DPD PAN Majalengka, Direkomendasikeun DPP PAN Jadi Calon Wakil Bupati

- 7 Juni 2024, 08:30 WIB
Hj. Sherly Kusuma S.E., bojona ketua DPC PAN Majalengka (tengah) rengse nampa surat rekomendasi ti PAN pikeun maju jadi Wabup di Pilkada Serentak 2024, di kantor sekretariat DPD PAN Majalengka, Kemis (06/06/2024).
Hj. Sherly Kusuma S.E., bojona ketua DPC PAN Majalengka (tengah) rengse nampa surat rekomendasi ti PAN pikeun maju jadi Wabup di Pilkada Serentak 2024, di kantor sekretariat DPD PAN Majalengka, Kemis (06/06/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Dewan Pimpinan Pusat (DPP) Partai Amanat Nasional (PAN) ngaluarkeun surat rekomendasi ka Ketua DPD PUAN Amanat Nasional Majalengka, Hj Sherly Kusuma, S.E., keur jadi Calon Wakil Bupati Majalengka dina Pilkada Serentak 2024.

Surat rekomendasi geus ditarima ku Sherly,  Kemis 24 Mei 2024. Ngan diembarkeun dina rapat koordinasi jeung konsolidasi kader DPD PAN Majalengka, Kemis (06/06/2024).

“Dunten ieu simkuring katut rengrengan DPD PAN Majalengka ngabewarakeun DPP PAN tos ngaluarkeun surat rekomendasi Calon Wakil Bupati Majalengka di Pilkada Serentak 2024  ka Hj. Sherlly Kusuma,” ceuk Ketua DPD PAN Majalengka H Rona Firmansyah, nalika ngagelar konferensi pers, rengse ngagelar rapat konsolidasi di kantor DPD PAN.

Disebutkeun Rona, ditunjukna Sherly Kusuma, keur maju dina kontestasi Pilkada  ngaliwatan mekanisme jeung kajian anu leuwih jero ku pengurus DPW PAN nepi DPP PAN.

“Alhamdulillah, DPP tos milih hiji calon ti 3 calon anu ngiring disair ku PAN,  Ibu Sherly kangge posisi bakal calon wakil bupati Majalengka,” ceuk Ieu politisi asal Kecamatan Kadipaten teh.

Masih disebutkeun Rona, rengse rekomendasi partey turun, pihakna bakal leuwih ngaronjatkeun deui komunikasi pulitik jeung sakumna pingpinan parpol di Majalengka pikeun ngaraketkeun koalisi.

PAN kiwari teu bisa ngarojong calonna ku sorangan, lantaran ngan boga 5 korsi DPRD di Pemilu 2024.

“Tos ditangtoskeun PAN mung ngarekomendasikeun posisi M2 (Cawabup). PAN bakal koalisi sareng parpol sanesna kangge ngengingkeun tiket nyalon bupati sareng wakil Bupati di Pilkada Majalengka,” ceuk Rona Firmansyah anu oge anggota DPRD Majalengka pinilih.

Ditunjukna Sherly jadi bakal calon wakil Bupati Majalengka, Rona miharep bisa mere rojongan positif keur sakumna kader sangkan all out dina meunangkeun Pilkada.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah