Oray Sanca Kembang 3 Méter, Ditéwak ku Satpam, Dipasrahkeun ka Patugas Damkar

- 3 Juli 2024, 07:00 WIB
Patugas Damkar Kuningan nyekelan Oray Sanca, anu dipasrahkeun ku warga
Patugas Damkar Kuningan nyekelan Oray Sanca, anu dipasrahkeun ku warga /Dok.Damkar Kuningan/

GALURA.CO.ID- Poé Salasa, 2 Juli 2024, kira wanci tabuh 20.20 WIB, Éka Prasétia (24 taun), Satpam Perum Griya Bojong Indah di RT 6 RW 1 Lingkungan Sérang Kelurahan Awirarangan, Kecamatan Kuningan, Kabupatén Kuningan, néwak oray sanca (Pyhton Reticulatus), di salasahiji imah warga perum kasebut.

Éta Oray Sanca téh panjangna 3 méter, beuratna kurang leuwih 15 kilometer. Saméméhna, Éka anu harita keur patroli mireungeuh éta oray di luhureun imah Rusmadi salasaurang warga Perum Griya Bojong Indah.

Mikanyaho aya oray, Éka ngabéjaan anu boga imah. Disakséni ku anu boga imah, satuluyna éta oray téh ku manéhna ditéwak.

Sanggeus katéwak, anu boga imah ngabéjaan patugas Unit Pelaksana Téknis Pemadam Kebakaran (UPT Damkar) Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kuningan.

Sababaraha urang patugas Damkar Kuningan datang ka lokasi, laju éta Oray Sanca téh dipasrahkeun ka patugas Damkar, pikeun dikarantina dileupasliarkeun deui ka habitatna.

Kepala UPT Damkar Satpol PP Kabupatén Kuningan, Andri Arga Kusumah, nyebutkeun, saméméhna aya warga nu mireungeuh oray ngaléor dina kamalir cai. Tapi harita mah semet diusir, henteu ditéwak.

"Upama diantep, Inggis ngabahayakeun, ngancam kasalametan warga sabudeureun," ceuk Andri.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah