Tacan Kaungkab wae, Rudapaksa ka Balita Dikelakkeun ka Hotman Paris, Polres Majalengka Ngagelar Jumpa Pers

- 2 Juli 2024, 19:30 WIB
Konferensi pers Kapolres Majalengka nyurahan kana pamaredih Hotman Paris sangkan kasus pencabulan balita direngsekeun (02/07/2024).
Konferensi pers Kapolres Majalengka nyurahan kana pamaredih Hotman Paris sangkan kasus pencabulan balita direngsekeun (02/07/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Kasus nu tumiba ka balita (4 taun) warga Kabupaten Majalengka tanggal 7 Juni 2023 katukang haneut deui alatan diobrolkeun di medsos ku warganet. Geus dilaporkeun KA pulisi tapi tepi ka danget ieu tacan puguh bule hideungna.

Kolot korban nepungan pangacara kahot, Hotman Paris saacan HUT Bhayangkara ka-78 taun 2024, 29 Juni 2024 di Jakarta. Tumorojogna kolot korban inisial TAH langsung diapungkeun  di akun Instagram @hotmanparisofficial.

Dina eta video, Hotman nyebutkeun, dina Juli 2023 lalu putri T*t*ng A**ul H**i nu umurna masih 4 taun jadi korban kekerasan seksual.

Eta kajadian geus dilaporkan ka jajaran Polres Majalengka, tapi nepi ka kiwari pulisi tacan netepkeun tersangka.

"Halo Bapak Kapolda Jabar, Bapak Kapolres Majalengka, di sini wargamu bernama Pak T*t*ng A**ul H**i, putrinya diduga diperkosa atau dilecehkan, masih berumur empat tahun sekitar Juli 2023, tapi sampai sekaran belum ada tersangka," ceuk Hotman Paris dina videona.

Hotman oge mere kasempetan ka kolot korban keur nepikeun harepanna ngeunaan penanganan kasus kekerasan seksual nu dirandapan ku putrina.

Kolot korban ngaku putrina ngarandapan kekerasan seksual, tur nepi ka kiwari penanganan kasusna dianggap tacan nembongkeun kamajuan, tacan aya  tersangka. Padahal laporanana geus meja ampir sataun.

"Mohon Kapolres dan jajarannya supaya memberikan rasa keadilan kepada keluarga kami, kepada putri tercinta kami, seandainya hal ini terjadi pada yang lain bagaimana," ceuk kolot korban, T*t*ng A**ul H**i.

Inyana miharep, jajaran Polres Majalengka sagancangna mere kaadilan ka putrina nu kiwari kawilang nandangan kanyeri sacara fisik jeung psikis.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.H., M.Si., CPHR., dibarengan ku Waka Polres Majalengka, Kompol Asep Agustoni, S.E.,M.M, Kasat Reskrim AKP Tito Witular, S.E., Kasi Propam AKP Sarjiyo, S.E.,M.H jeung pejabat lianna, sarta ti DP3AKB, Psikolog katut Dinsos ngagelar konferensi pers ngeunaan dugaan tindak pidana persetubuhan boh pencabulan ka balita atawa anak di bawah umur.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah