GALURA.CO.ID - Dina raraga mieling Hari Bhayangkara ka-78, Polres Majalengka ngalaksanakeun kagiatan bhakti khitanan massal di Aula Kanya Wasistha, Polres Majalengka, Rebo (26/6/2024).
Diluuhan langsung ku Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.H., M.Si., CPHR, sarta Kepala Dinas Kesehatan Kabupaten Majalengka H. Agus Susanto, S.K.M, S.Sos., M.Si., Wakapolres Majalengka Kompol Asep Agustoni, S.E., M.M., jeung jajaran PJU Polres Majalengka.
Bhayangkari oge aub dina Ieu acara nu ngalibetkeun 78 budak ti sababaraha wilayah di Kabupaten Majalengka.
Ceuk Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, ditepikeun ku Iptu Ade Saepudin ti Sumda, nyebutkeun khitanan massal teh hasil gawe bareng antara Dokkes Polres Majalengka jeung Dinas Kesehatan Kabupaten Majalengka.
Budak anu miluan khitanan massal meunang pelayanan kasehatan sacara gratis, di antarana pamariksaan medis saacanna jeung sarengsena palaksanaan khitan, sarta mere obat-obatan jeung perlengkapan perawatan pasca khitan.
Kepala Dinas Kesehatan Kabupaten Majalengka, H. Agus Susanto, S.K.M, S.Sos., M.Si., nyebutkeun ieu kagiatan mangpaat keur masarakat, nu utama dina ngalayanan kasehatan anu diperelukeun ku budak nu di khitan.
“Simkuring katut rengrengan Dinas Kesehatan ngarojong kagiatan khitanan massal kumargi tiasa ngabantos ngirangan bangbaluh sepuhna dina hal waragad kssehatan. Oge dipiharep rukun gawe sapertos ieu tiasa teras kapayunna,” ceuk H. Agus Susanto.
Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, ngahatur nuhunkeun ka sakumna pihak nu geus kontribusi dina nyukseskeun khitanan massal.
Inyana nandeskeun ieu kagiatan bukti midulina Polres Majalengka pikeun kasehatan masarakat, hususna budak.