Pasar di Bali Lukisan Ahir Bulan Juni Panineungan Pelukis R Cahyadi ka Pasar Tradisional nu Kiwari geus Rubuh

- 29 Juni 2024, 20:56 WIB
Lukisan "Pasar di Bali" karya R Cahyadi, pelukis Kabupaten Bandung.
Lukisan "Pasar di Bali" karya R Cahyadi, pelukis Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -"Pasar di Bali" judul lukisan karya pelukis asal Kabupaten Bandung nu remen ngalanglang mancanagara, R Cahyadi, minangka karya lukis di ahir bulan Juni 2024.

Pasar di Bali, akrilik, kanvas ukuran 60x90 cm teh  ungkaban Ketua Komunitas perupa Gradasi, minangka ekspresi tina panineungan R Cahyadi kanan kaayaan pasar di Bali nu geus robah sajalan waktu.

"Simkuring mung hoyong ngabadikeun kapungkur kantos aya pasar sapertos kitu (tradisional). Ku simkuring ditamplokeun ku teknik sareng gaya ka kiwarian, kelir atawa bentukna, " ceuk R Cahyadi, di galeri Salaras milikna, di Komplek Perumahan Gading Tutuka, Soreang Kabupaten Bandung, Saptu, 29 Juni 2024.

Di taun 2023 R Cahyadi ngàhasilkeun 50 karya lukis jeung milu 20 event karya lukis. Taun 2024 ieu diperlukeun leuwih ti kitu.

Awalna R Cahyadi ngalikus pikeun koleksi pribadi ngumpulkeun jang ngayakeun pameran lukisan tunggal.

"Pameranna masih kènèh dirarancang. Kumargi lukisanana terus aya nu minat. Jadi lukisanana teras ngirangan terus. Ari keur pamarèn tunggal minimal 30-40 karya, " pokna.

Karya taun 2024, ceuk R Cahyadi kalolobaanana karya sketsa wajah pesenan, jeung karikatur, keur pameran di Gallery Pusat Kebudayaan (GPK) Jawa Barat.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah