13 Perwira Siswa Seskoad KKL di Kuningan, Kodim 0615 Kuningan Koordinasi jeung Pamarentah Daérah

- 1 Juli 2024, 20:22 WIB
Welasan Perwira Siswa Seskoad KKL di Kuningan
Welasan Perwira Siswa Seskoad KKL di Kuningan /Kodim 0615/Kuningan/

GALURA-Perwira Siswa (Pasis) Seskoad ngalakonan Kuliah Kerja Lapangan (KKL) di Wilayah Pertahanan (Wilhan) Kodim 0615/ Kuningan.

Aya 13 urang perwira siswa anu baris ngalakonan KKL di Kuningan, kakara datang dina Poé Senén, 1 Juli 2024, dibagéakeun Dandim 0615/Kuningan Letkol Arh Kiki Aji Wiryawan.

Éta welasan perwira siswa téh dijejeran ku pingpinan rombongan KKL Wilhan Pasis Seskoad Tahun 2024, Kolonel Arm Fauzi Kamil, S.IP., M.Si., diaping ku Kolonel Inf Amin Taufik S.Sos jeung Prof DR Agus Subagyo S.ip.Msi, salaku perwira penuntun.

Dandim 0615/Kuningan Letkol Arh Kiki Aji Wiryawan, méré gambaran ngeunaan kondisi wilayah Kabupatén Kuningan, ngawengku idiologi, pulitik, ékonomi sosial budaya jeung pertahanan keamanan.

"Sim kuring ngarojong perwira siswa anu badé ngalakonan KKL Studi Wilhan di wilayah Kabupatén Kuningan," ceuk Kiki.

Kiki nyebutkeun, perwira siswa téh di antarana baris ngalakonan panalungtikan ngeunaan katahanan pangan di Kabupatén Kuningan.

Ceuk Kiki, satuluyna Kodim 0615 Kuningan geus koordinasi jeung instansi anu aya patalina reujeung éta kagiatan.

 "Dina ngarojong ieu kagiatan, Kodim 0615/Kuningan parantos badami sareng pihak anu aya patalina sareng kagiatan, supados aya dina kalancaran," ceuk Kiki.***

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah