Dandim Majalengka: Expo UMKM Strategi keur Ngawangun Majalengka

- 1 Juli 2024, 15:30 WIB
Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto ngaluuhan dibukana Majalengka Expo 2024  (28/06/2024).
Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto ngaluuhan dibukana Majalengka Expo 2024 (28/06/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bewara gumbira keur warga masarakat Majalengka jeung sabudeureunana. Pikeun nu hayang ngeusi pere sakola teu perelu jauh-jauh, lantaran bisa ulin ka Majalengka Expo.

Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto ngaluuhan dibukana Majalengka Expo 2024 dina rarga runtuyan HUT Majalengka ka-534, tempatna di urut pasar lawas di Jalan KH Abdul Halim Kelurahan Majalengka Wetan, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Jumaah sore (28/6/2024).

Ieu kagiatan diluuhan ku Sekda Kabupaten Majalengka, Dandim 0617/Majalengka, Kabag Sumda Polres Majalengka, wawakil Danlanud S. Sukani, Wadan Yonif 321/GT, Para Staf Ahli Bupati, sakumna kepala OPD jeung Ketua PC KB FKPPI 10.18 Kabupaten Majalengka.

Pj Bupati nu ditepikeun ku Sekda Kab. Majalengka H. Eman Suherman nyebutkeun kalayan asama Pemkab Majalengka ngaapresiasi ka kulawaega besar FKPPI nu mibanda inisiatif ngalaksanakeun expo UMKM dina raraga HUT Majalengka ka-534 taun 2024.

Majalangka Expo nyadiakeun rohangan ka UMKM sangkan bisa masarkeun jeung ngapromosikeun produkna. "Salian masarkeun produk UMKM oge janten promosi tradisi seni budaya Majalengka nu tiasa janten branding kangge di ekspose ka luar Majalengka," ceuk Sekda.

Di tempat nu sarua, nalika dikonfirmasi, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto nyebutkeun, inyana kawilang ngapresiasi ku digelarna Majalengka Expo, tangtuna bakal numuwuhkeun tur ngawanohkeun UMKM Majalengka ka urang luar Majalengka.

Dandim miharep ku Majalengka Expo bisa mere kontribusi positif keur masarakat tur bisa ngarojong tumuwuhna UMKM pikeun ngawangun Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah