Dandim Masrahkeun Jam Komandan ka Prajurit jeung PNS TNI AD Kodim 0617/Majalengka

- 21 Juni 2024, 15:06 WIB
Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., masrahkeun Jam Komandan ka sakumna prajurit jeung PNS TNI AD Kodim 0617/Majalengka, di lapangan upacara Makodim  (21/6/2024).
Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., masrahkeun Jam Komandan ka sakumna prajurit jeung PNS TNI AD Kodim 0617/Majalengka, di lapangan upacara Makodim (21/6/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., masrahkeun Jam Komandan ka sakumna prajurit jeung PNS TNI AD Kodim 0617/Majalengka, tempatna di lapangan upacara Makodim satempat, Jalan KH Abdul Halim No. 403 Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Jumaah (21/6/2024).

Jam komandan bukti sarana komunikasi pikeun ngaraketkeun silaturahmi sasama personil, dina kituna karumat komunikasi dua arah antara pingpinan jeung bawahan dina nepikeun pituduh  ti satuan leuwih luhur.

Dina pangarahanna, Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nepikeun nalika aya parentah ti satuan ti luhur laksanakeun saluyu jalur komando, sarta jauhan pasualan saperti judi online anu bisa ngarugikeun diri sorangan pon kitu deui kulawarga jeung satuan.

Satuluyna Dandim nyebutkeun, jaga ngaran satuan, nalika teu bisa migawe anu panghadena keur satuan ulah nyieun palanggaran saeutik oge, kalayan tetep ngajaga kondisi fisik jeung kasehatan pribadi pon kitu deui kulawarga.

"Dina Pilkada Serentak, wajib ngiringan kalayan henteu ngalakukeu  politik praktis. Laksanakeun deteksi dini cegah dini nalika aya palanggaran jeung pasualan anu aya patalina sareng pilkada oge laporkeun sacara hirarki ka Dansat," ceuk Dandim.

"Perhatoskeun faktor kaamanan tur sing atos-atos dina ngagunakeun kandaraan salami di perjalanan, sarta cek tur rawat kondisi kandaraan. Jaga kakompakan katut soliditas sasama personil Kodim Majalengka," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto.*** Ayank R Majalengka

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah