Oleh-Oleh ti Wewengkon Banjir 'Dage Lakek'

- 28 Juni 2024, 20:00 WIB
Bupati Bandung ngaroris banjir di Citeureup, Dayeuhkolot. Sabada banjir aya kadaharan has.
Bupati Bandung ngaroris banjir di Citeureup, Dayeuhkolot. Sabada banjir aya kadaharan has. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Ceuk wawangsalan tukang morog mah kieu: Kembang cangkring patingpurungkut-kolopakna bet ngaleklek, ngabedega carucukan-nangkring bantareun wahangan. Nu kahiji eusina Lakek, nu kadua eusina tangkal cangkring. Ieu mah pamangkatan kalimah dumeh nu deuk dicaturna kembang cangkring.

Teuing ti iraha mimitina, mun kembang cangkring nu can mangkak jadi kadaharan deungeun sangu urang Sunda, hususna anu imahna di sabudeureun caah, nu mindeng kakeueum ku cai, ari usum hujan. Kembang cangkring  teu eleh ku angeun turubuk, angeun iwung, sayur humut jeung cobek jantung cau manggala.

Tangkal cangkring hirupna loma jeung bantar (gili-gili) walungan gede, nyobat jeung tangkal waru katut dapuran haur. Bisa dipastikeun mun tugasna teh ngawewegan taneuh gawir, maseuk lahan tampingan. Cangkring nu geus kawak, umur puluhan taun mah komo matak sentar anu rek nuar matak ginggiapeun  sakur nu ngaliwat.

Keur badag jeung kaceluk sanget teh deuih rimbil ku pakarang wangun cucuk. Munasabah hirupna awet, alatan arang kaganggu jeung lain kakayon anu pantes dipake bahab bangunan.  Tangkal cangkring kembanganana sataun sakali, utama mangsa lolongkrang geus banjir alias mangsa nuuskeun ruruntuk caah.

Sanajan bijil kembangna sakali dina sataun, ari lebah mupuna mah bisa ditilu-opat kalikeun. Ngolah kembang cangkring teu beda ti ngolah lalab rumbah lianna. Tapi ari mimindengna mah didage bae samodel dage tahu atawa dage buncis. Ka dieunakeun, sanggeus dage lakek (kembang cangkring) payu di pasaran, posisina unggah sababaraha darajat.

Tepi ka aya babasaan cenah boga tangkal cangkring kahot mah sarua jeung boga ATM taunan. Ceuk Ma Apong, 65 taun, urang Bunut Tegalluar nu kabeneran boga tangkal cangkring di buruanana, ukur satangkal bari jeung jadi sorangan. Cenah sakali mupu lakek teh pangsaeutikna kabagean sajuta mah bari beresih.

Mangkaning sok opat rintakan mupuna teh. Ngaduitkeunana teu riweuj, da konsumen rabul nyalampeurkeun, boh tatangga boh nu ngabandar jualeun deui di pasar. Sabot mupu oge sok narungguan. Ngajualna dirantang bae, sarantang Rp5.000, tapi diseupan kurang leuwih satengah jaman. Henteu dijual atahan.

Anu matak muopu cangkring mah aya nu mupu jeung aya nu nyeupan. Ngahaja nyadiaan dreum panyeupanan handapeun tangkal cangkringna. Seuneuna ku suluh, nyieun hawu dadakan. Ku batu atawa ku bata nu ditupukeun. Tangtu wae dreum nu dipake nyeupana oge dreum beresih, dreum nu geus meunang miara.

Dage cangkring atawa lakek teh, kembang cangkring nu acan mangkak. Ngasakanana basajan, cukup ngagundukkeun bungbu dina coet, kayaning muncang, cengek, bawang bodas bawang beureum, gula uyah pecin direndos tepi ka lembut. Bruskeun kana katel nu dieusian lakek beunang nyeupan tea. Tangtu sanggeus ditiiskeun jeung dituuskeun heula.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah