'Belut Jarami' Mucunghulna sabot Caah atawa Banjir

- 28 Juni 2024, 18:38 WIB
Banjir di Jalan Dengdek (Kopo Sayati) Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, sok muncul belum jarami.
Banjir di Jalan Dengdek (Kopo Sayati) Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, sok muncul belum jarami. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Geus teu aneh ari madungdengkeun lauk aya wawangsalan  'lauk panjang, oray-ngalulut di jero luluk'. Hususna di Priangan, belut tea, teu kurang-kurang pada mikaresep. Malah geus jadi kacapangan panineungan mangsa keur bolon di pilemburan nu wewengkonna saincak-incak sawah, ngureuk belut sangges sawahna ditanduran.

Memang aya sawah dina geger gunung atawa di luhur pasir, disebutna huma. Tapi teu kabejakeun aya nu ngurek atawa ngala belut ka huma. Alhasil, habitat belut mah ayana dina leutak atawa luluk nu aya caian. Ngurek dina tampingan galeng sawah teh meh ampir kaalaman ku barudak. Sok sanajan, teu saeutik nu dewasa oge ngahajakeun ngurek tepi ka kiwari.

Keur lelewek nu maneuh kakeueum caah atawa banjir, geus ngabaku barudakna moro belut mangsa cai macak-macak nuuskeun, maju ka halodo. Cara ngalana rupa-rupa, aya nu langsung dikodok, dikukuy, diurek, diobor atawa pangpraktisna mah diposong.

Naheunkeun posong ti peuting, bisa bada Isya, bisa oge tengah peuting. Diludangna atawa dibanyatkeunana wanci rumangsang, isukna.  Belut anu kataheun mangsa surud caah rata-rata belut jarami. Disebut belut jarami ku lantaran ukuranana sagede jarami lintuh ised saeutik tina ukuran cacing kalung atawa cacing sondari bari warna kulitna koneng enay.

Lian ti di pasawahan, ieu belut jarami mangsa tuus caah teh, sok utey dina lahan pajaratan anu ngalengkob. Ngolah belut kacida entengna. Ari ngurek ngahaja mekel uyah jeung korek api. Sacatna tina pangurekkan, langsung we belut teh sok dikurusuk dina durukan jarami garing. Kira geus tutung, langsung dihempol kajeun biwir ludang-lading ku mehong.

Dumasar tarekh fiqhiyah, satemenna halalna lauk belut teh saenggeus aya fatwa halal ti hiji ulama jumhur nu  kakoncara sakuliah dunya, teureuh Tanara Banten: Syekh Nawawi Al-Bantani (lahir 1813 M). Anjeunna pisan anu unggul dina adu renyom jeung para ulama jazirah Arab ngeunaan halalna belut kalawan nyokot hukum qiyas kana bangsaning lauk cai.

Asalna mah taya anu wani ngonsumsi belut, saperkara gila lantaran ampir sarua jeung oray, kadua perkara mah can 'bodas' halal-haramna. Dina panungtung adu argumen padebatan, Syekh Nawawi tepi ka mawa atawa nembongkeun wujud belut sacara asli dina kayaan hirup ka hareupeun majelis ulama harita.

Ti dinya, Syekh Nawawi ngayakeun riset anu super apik disarimbagkeun kahirupanana jeung lauk cai biasa. Najan hirupna dina liang nu jero,belut henteu bisa hirup di darat, teu kawas bangkong. Hirupna dina cai, engapanana (napasna), sarua jeung umumna lauk: make insang. Sapuk weh yen belut teh halal dikonsumsi.

Ngasakan belut, rupa-rupa cara, kumaha kasedep sewang-sewangan nu masakna, ngan kabeh oge  make samabara. Aya nu langsung digoreng saenggeus diberesihan kokotor luar-jerona. Aya anu dikere (didengdeng), dipoe digaringkeun, aya anu disawud alias 'dicincang' saenggeus dipoe heula. Aya deui, ku cara dicobek.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah