'Belut Jarami' Mucunghulna sabot Caah atawa Banjir

- 28 Juni 2024, 18:38 WIB
Banjir di Jalan Dengdek (Kopo Sayati) Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, sok muncul belum jarami.
Banjir di Jalan Dengdek (Kopo Sayati) Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, sok muncul belum jarami. /Sopandi/galura.co.id

Cara nyobek belut gampil pisan; belut beresihan kokotor jerona, terus beuleum tapi ulah tepi ka geheng. Siapkeun sambara dina coet: muncang, cikur, bawang beureum bawang bodas, gula beureum, uyah jeung pecin. Mun hayang lada kari nambahan cengek. Kabeh direndos, kawas nyieun sambel tapi ulah lembut teuing.

Belut beunang meuleum dihijrahkeun kana sambara dina coet. Belutna digalokeun bari rada direndos, ngarah sambaraha nyerep kana belut. Sor weh sangu pulen beunang ngakeul dina dulang. Geura sok cobaan, keur para maniak belut mah piraku teu seuseut ngahuap alias seuseut eureun tina nyapekna.

Daging belut dipercaya mampuh nyinglar jeung ngubaran panyakit tipes atawa gangguan lambung lianna. Malah keur anu boga kasakit maagna  geus tingkat parna mah cobaan ngonsumsi belutna beunang ngulub atawa beunang mais nu dibugbrugan surawung. Ngumbahna ulah tepi ka leuleueurna leungit.

Aya deui cara keur ngahendel kasakit maag  jeung gangguan lambung ku belut teh ku cai leuleueurna (lendirna) belut. Belut digodog tepi ka ngabudah, tah budahna eta dipercaya mampuh meruhkeun maag atawa tipes. , diiunum. Tangtu wae hanyir. Belutna didahar oge teu nanaon malah mah alus.*** Emha

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah