Sérén Taun di Cigugur, Pinuh ku falasipah Hirup jeung Kahirupan

- 1 Juli 2024, 06:35 WIB
Masyarakat Akur Cigugur mawa hasil bumi, dina  Sérén Taun di sabudeureun  Gedong Paséban Tri Panca Tunggal, Kelurahan Cigugur, Kecamatan Cigugur, Kabupatén Kuningan.*-
Masyarakat Akur Cigugur mawa hasil bumi, dina Sérén Taun di sabudeureun Gedong Paséban Tri Panca Tunggal, Kelurahan Cigugur, Kecamatan Cigugur, Kabupatén Kuningan.*- /Ajun Mahrudin/

GALURA.CO.ID- Poé Saptu, (29/6/2024), mareng jeung tanggal 22 Rayagung 1957 Saka Sunda, masarakat Akur Cigugur, di Kelurahan Cigugur, Kecamatan Cigugur, Kabupatén Kuningan, ngayakeun upacara adat agraris Sunda nyaéta Sérén Taun, di sabudeureun Gedong Paséban Tri Panca Tunggal, Kelurahan Cigugur.


Saméméh prung acara lumangsung, katangén warga anu rék miluan dina éta acara di opat juru mawa hasil tatanén, utamana paré geugeusan, disebut ogé paré buhun, lain paré bangsal (gabah).

Sajaba kitu, aya ogé anu mawa hasil bumi mangrupa bungbuahan, sayuran jeung hasil bumi séjénna ditanggung maké dongdang.

Basa gamelan ditabeuh, pon kitu angklung buncis mirig rombongan pangjayak (pamapag), di saban juru, ramé ku sora tatabeuhan kesenian.

Rombongan anu mapag tatamu, saheulanan eureuni, di pakarang Gedong Paséban Tri Panca Tunggal.

Gamelan rénténg ogé milu eureun, kapireng gelikna sora suling jeung jentréngna kacapi mirig para panari Tari Buyung.

Laju, angklung baduy jeung angklung buncis mirig tamu ondangan asup ka salasahiji rohangan Paséban.

Sajeroning kitu, peserta acara Sérén Taun nujul saung lisung pikeun neundeun geugeusan paré jeung hasil bumi séjénna.

Upacara Sérén Taun téh nyaéta gelar budaya tradisional masarakat agraris Sunda, hususna di Kelurahan Cigugur, anu saban taun dilakonan, pancegna dina tanggal 22 Rayagung Taun Saka Sunda.

Éta minangka ngébréhkeun rasa sukur jeung tumarima ka anu maha kawasa, patali reujeung hasil panén anu mucekil.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah