Gawat, Dandim 0617/Majalengka jeung Anggota Ngaleut ka Polres Majalengka, Aya Naon?

- 1 Juli 2024, 14:30 WIB
Dandim 0617 Majalengka ujug-ujug asup ka basa Kapolres Majalengka jeung jajaranana ngagelar cara syukuran (01/07/2024). Dandim ngawilujengkeun Hari Bhayangkara.
Dandim 0617 Majalengka ujug-ujug asup ka basa Kapolres Majalengka jeung jajaranana ngagelar cara syukuran (01/07/2024). Dandim ngawilujengkeun Hari Bhayangkara. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dandim 0617/Majalengka, Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., jeung rombonganna ngaleut daratang ka Polres Majalengka, Senen (01/07/2024). Meneran Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.H., M.Si., CPHR, jeung jajaranana keur ngalaksanakeun syukuran di Aula Kanya Wasistha Polres Majalengka.

Bari teu aya beware ti anggalna ujug-ujug Dandim 0617/Majalengka jeung rombonganna asup ka aula. Puguh wae Kapolres jeung jajaranna rareuwaseun. Ngan Dandim teh bari mawa kueh ulang taun, tur ngawilujengkeun Hari Bhayangkara. Dandim jeung rombonganana ahirna dibageakeun bari pinuh ku kagumbiraan.

Tumorojogna Letkol Inf Dudy Pilianto jeung rombonganna lain ngan ngalantarankeun kaayaan leuwih gumbira. Tapi oge ngaraketkeun tali mimitran antara TNI jeung Polri di Kabupaten Majalengka.

Dandim 0617/Majalengka langsung motong kueh nu dibawana tur dipasrahkeun ka ka Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto.

"Simkuring saparakanca ka dieu kalayan pinuh sumangat tur gumbira kangge ngawilujengkeun Hari Bhayangkara ka-78. Pamugi Polri langkung jaya, profesional, oge teras janten papayung t masarakat," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto.

AKBP Indra Novianto, nu tembong kagagas tur gumbira, ngahatur nuhunkeun ka Dandim 0617/Majalengka jeung rombonganna.

"Ieu kawilang luhung ajenna kangge simkuring katut jajaran Polres Majalengka. Hatur nuhuna kan perhatosan tur rojongan ti Dandim 0617/Majalengka miwah sakumna rombongan," ceuk Kapolres.

"Sinergi antara TNI katut Polri kawilang penting dina ngajagi kaamanan tur katartiban di Kabupaten Majlengka," ceuk AKBP Indra Novianto. Acara syukuran dieusi ku sababaraha kagiatan saperti doa, potong tumpeng, jeung ramah tamah.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah