Bupati Bandung Hayangeun dina Taun 2024 ayeuna KIM Kabentuk di 31 Kecamatan

- 2 Juli 2024, 22:02 WIB
sosialisasi KIM nu diiluan ku 31 Sekretaris Kecamatan (Sekcam), jeung Pengurus Forum KIM Kabupaten Bandung di Aula Diskominfo Gedung KORPRI Kabupaten Bandung, di Soreang, Salasa, 2 Juli 2024.
sosialisasi KIM nu diiluan ku 31 Sekretaris Kecamatan (Sekcam), jeung Pengurus Forum KIM Kabupaten Bandung di Aula Diskominfo Gedung KORPRI Kabupaten Bandung, di Soreang, Salasa, 2 Juli 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna hayangeun dina taun 2024 kabentuk Kelompok Informasi Masyarakat (KIM) di 31 kecamatan.

Eta kahayang Bupati Bandung ditepikeun Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung, Yosep Nugraha dina acara kagiatan sosialisasi KIM nu diiluan ku 31 Sekretaris Kecamatan (Sekcam), jeung Pengurus Forum KIM Kabupaten Bandung di Aula Diskominfo Gedung KORPRI Kabupaten Bandung, di Soreang, Salasa, 2 Juli 2024.

Dumasar data ceuk Yosep, 270 desa jeung 10 kelurahan di Kabupaten Bandung karèk kacatet aya 110 KIM di desa-desa jeung 3 di kelurahan.

Ku kituna, pihakna ceuk Yosep mèrè waktu ka  kacamatan nu can aya wawakil KIM sangkan sagancangna ngadelegasikeun jeung mantuan pangurus KIM tingkat kabupaten, saurang atawa dua urang wawakilna.

“Aya waktos ka pihak kacamatan saminggu ti ayeuna. Langkung ènggal langkung saè, kumargi sateuacan Agustus 2024 kedah rèngsé. Engkè badè diresmikeun langsung ku Bupati Bandung kanggo Forum KIM Kabupaten Bandung. Saatosna gerilya ka desa-desa," ceuk Kadiskominfo.

Yosep nyebutkeun KIM dibentuk ti, ku, jeung pikeun masarakat. "Urang kedah reueus ku KIM nu kalintang ngabantos peran tur kinerja pamarèntah dina ngokolakeun informasi. Upami di desa tiasa janten humasna desa. Kumargi ku keaktifna KIM di masarakat, sajabi SDM diberdayakeun, ogè sumber daya alam sareng sumber potensi sanèsna tiasa diguar. Kawit tina sektor pertanian, pariwisata, perkebunan dugi ka sektor industri,“ pokna

Pembina KIM Adhie Nur Indra nyebutkeun, tina diskusi  bisa ngarojong KIM leuwih maju, di antarana KIM Cerdas Tarumajaya, KIM Lengkong Bagja, jeung KIM Sehati.

"Arinyana mampu mandiri. Hartosna teu ku anggaran ti pamarèntah arinyana tiasa ngaberdayakeun sareng ngabantos masarakat nu informatif," ceuk Adhie.

KIM nu maju jeung mandiri tèh ceuk Adhie kudu jadi conto, sabab Kabupaten Bandung beunghar ku pirang-pirang sumber potensi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah