Diskominfo Kabupaten Bandung: KIM Tarumajaya Payus Ngawakilan  Jawa Barat dina  KIMFest Nasional 2023

- 27 Juli 2023, 19:31 WIB
Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung,  H. Yosep Nugraha, ngusulkeun Kelompok Informasi Masyarakat (KIM) Tarumajaya ngawakilan  Jawa Barat dina KIMFest Nasional 2023, 27-29 Oktober 2023.
Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung, H. Yosep Nugraha, ngusulkeun Kelompok Informasi Masyarakat (KIM) Tarumajaya ngawakilan Jawa Barat dina KIMFest Nasional 2023, 27-29 Oktober 2023. /Sopandi/Galura

GALURA- Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung,  H. Yosep Nugraha, ngusulkeun Kelompok Informasi Masyarakat Tarumajaya (KIM Tarumajaya), Desa Tarumajaya, Kecamatan Kertasari, Kabupaten Bandung  ngawakilan  Jawa Barat dina KIMFest Nasional 2023 nu nu digelar  Kementerian Komunikasi dan Informatika RI (Kominfo), 27-29 Oktober 2023 engkè.

Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung  nyebutkeun  KIM Tarumajaya  geus jadi KIM mandiri nu teu ukur aktip ngapublikasikeun  informasi ngeunaan  kagiatan desa, tapi ogè aktip dina ngaronjatkeun literasi masarakat sangkan jadi masarakat mu mandiri. Tina kituna payus jadi wawakil Jawa Barat dina KIMFest Nasional 2023.

Ceuk Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung, media nu dimangpatkeun KIM Tarumajaya di antarana   Instagram, Facebook, Youtube, jeung website desawisatatarumajaya.com. Maneuh ngapungkeun konten-konten kagiatan tur  potensi desa  dijieun jeung dikokolakeun ku KIM Tarumajaya sacara  mandiri. Eta sababna merenah pisan mun miluan KIMFest Nasional 2023 ngawakilan Jawa Barat.

Baca Juga: Piknik ka Curug Cipanji di Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung, Nyeuseup Hawa Seger

"Diskominfo ukur ngalatih kumaha cara ngedit, ngokolakeun informasi dugi ka janten konten. Salangkungna  arinyana nu ngamekarkeun nyalira. Upami KIM tos tiasa mandiri, nya  badè nguntungkeun masarakatna, margi KIM baris janten modal jaringan informasi antawis masarakat, pamaréntah, sareng pihak sanès,” ceuk Yosep.

Deny Sonjaya, Ketua Forum Komunikasi KIM (FK-KIM) Provinsi Jawa Barat nyatujuan  usulan bieu. Inyana nyebutkeun  KIM Tarumajaya geus nyumponan kriteria jang matandang di tingkat nasional.

Wakil Ketua KIM Tarumajaya, Uus Kusmana nètèlakeun, KIM kudu sarwa  bisa. "Simkuring saparakanca  kedah seueur diajar sareng  tataros. Praktek diaping kuuniversitas sareng sakola-sakola  luhur, supados tiasa masihan informasi nu sae sareng ngaèdukasi masarakat,” pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah