Piknik ka Curug Cipanji di Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung, Nyeuseup Hawa Seger

- 23 Juli 2023, 06:00 WIB
Curug Cipanji di Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung,  Jawa Barat.
Curug Cipanji di Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung, Jawa Barat. /

 

GALURA -Sacara administratif Curug Cipanji kaereh ka Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung, Jawa Barat. Jarak ti Kota Bandung, puseur dayeuh Provinsi Jawa Barat, sakira35 kilometer.

Pikeun ngajugjug ka Curug Cipanji, ti Kota Bandung ka Soreang, puseur dayeuh Kabupaten Bandung, terus make jalan nu ka Ciwidey. Samemeh Ciwidey, ti lebah Rumah Makan Sindang Reret mengkol ka Desa Tenjolaya, Kecamatan Cijambu.

Pas gapura Desa Tenjolaya mengkol ka beulah katuhu terus nepi ka tungtung jalan anu brasna ka Pasir Eurih, pakebonan enteh nu aya Kecamatan Cijambu, Kabupaten Bandung. Ti dinya bakal nyorang jalan tarahal kurang leuwih 100 meter. Tuluy manggih padumuk tempat nitipkeun kendaraan.

Baca Juga: Ngalanglang Raksa Bumi di Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis; Riksa jeung Jaga Alam

Ti dinya mah badarat ngaliwatan kebon enteh jeung nyorang leuweung pines.
Jarak ti tempat panitipan kendaraan ka lokasi kurang leuwih dua kilometer meakkeun waktu 1 jam, jalanna nanjak mudun.

Mun rek ulin ka Curug Cipanji ulah keur usum hujan. Hadena antara bulan Mei - Agustus. Ari usum halodo mah jalanna teu laleueur.

Sapanjang lumampah ngajugjug lokasi Curug Cipanji hawana estu karasa seger. Angin ngahiliwir nebak tatangkalan. Manuk ricit luhur dahan, monyet pating guntayang luhur kakayon. Sora cai walungan kadenge seah.

Piknik ka Curug Cipanji hadena dina waktu libur. Ambeh haneuteun sabab dina poe-poe biasa mah arang nu ngalanto ka dinya.

Baca Juga: Warga Korban Lini di Kabupaten Cianjur Miharep Bantuan Modal ti Paguyuban Pasundan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x