Bupati Bandung Ngarojong pisan Pangwangunan Masjid di Kabupaten Bandung

- 23 April 2024, 07:54 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna merenahkeun batu munggaran renovasi Masjid  Jami Al-Jihad  Desa Lengkong Kecamatan Bojongsoang (22/04/2024).
Bupati Bandung Dadang Supriatna merenahkeun batu munggaran renovasi Masjid Jami Al-Jihad Desa Lengkong Kecamatan Bojongsoang (22/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, merenahkeun batu munggaran
renovasi Masjid Jami Al Jihad RW 09 Desa Lengkong, Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Senen, 22 April 2024

Harita Bupati Bandung dibarengan rèngrèngan Forkopimcam Bojongsoang, jeung sajumlah kepala desa, katut tokoh masyarakat jeung tokoh agama. Bupati umajak ka masarakat pikeun ngama'murkeun masjid.

Dadang Supriatna ogè umajak ka para agnia jeung pangusaha sangkan aub ngamodalan renovasi masjid. Inyana nyontokeun di wilayah Lombok, masjid téh araragreng tur sumebar di saban RW.

Baca Juga: Korsi di DPRD Ngurangan, Ketua DPD Gerindra Kabupaten Bandung Teu Pede Nyalonkeun Dirina Jadi Bupati

"Di urang mah masjid ageung tèh paling-paling di tingkat kecamatan. Kitu ogè arang. Padahal seuseueurna masarakat Kabupaten Bandung muslim," ceuk Dadang.

Ku lantaran kitu, Dadan ngaku ngarasa kacida reueus jeung bungah mun seug aya Ketua DKM jeung kulawarga besar masjid aya niat memener masjidna.

Dadang Supriatna kacida ngarojong ayana renovasi masjid nu aya di sabudeureun RW atawa desa di Kabupaten Bandung.

"Dugi ka danget ayeuna, ti kawit simkuring janten Bupati Bandung, kana tilu taunna tos rèbuan masjid dibantos renovasina," ceuk Dadang Supriatna.

Baca Juga: Anggota DPRD Kabupaten Bandung Elin Batinna Sugemaeun Lamun Aspirasi Warga Kacumponan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x