TB Hasanuddin Nandeskeun Adina nu jadi Jaksa Agung Netral dina Pilkada Majalengka

- 30 April 2024, 08:07 WIB
Anggota Komisi I DPR RI Mayjen TNI (p) Tb. Hasanuddin nandeskeunn Jaksa Agung Burhanuddin nu taya lian ti adina netral dina Pilkada Majalengka.
Anggota Komisi I DPR RI Mayjen TNI (p) Tb. Hasanuddin nandeskeunn Jaksa Agung Burhanuddin nu taya lian ti adina netral dina Pilkada Majalengka. /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Anggota Komisi I DPR RI ti PDI Perjuangan, Mayjen TNI (p) Tb Hasanuddin ngabantah Jaksa Agung Burhanuddin ST ngarojong ka H. Karna Sobahi, salasahiji bakal calon Bupati Majalengka anu bakal makalangan dina Pilkada Majalengka dina November 2024 anu bakal datang.

Tb. Hasanuddin nyebutkeun minangka aparat pamarentah, Burhanuddin ST henteu pupulitikan sarta netral dina Pilkada Majalengka 2024. Jaksa Agung Burhanuddin ST teh adi pituin Tb Hasanuddin.

“Nalika tos aya rekomendasi ti DPP (PDI Perjuangan) tangtosna kulawargi simkuring bakal ngarojong. Kulawargi simkuring sareng pun adi, Tita Juwita anu mangrupikeun kader PDI Perjuangan, kedah fatsun. Jaksa Agung teu ngarojong kumargi anjeunna aparat,” tegas Hasanuddin nalika dikonfirmasi wsrtawan, Senen (29/4).

Hasanuddin meredih sangkan anu nyebarkeun video pikeun mibanda sikep wijaksana sarta ngalaksanakeun cek jeung ricek saacan dipublikasikeun ka media sosial.

“Teu kenging nyebarkeun opini anu tacan jelas bener henteuna,” ceuk Tb. Hasanuddin.

Sawatara waktu kaliwat, sumebar video anu nyebutkeun Tb. Hasanuddin katut kulawargana, kaasup Jaksa Agung Burhanuddin ST ngarojong ka H. Karna Sobahi.

Ieu video rekaman nalika Tb Hasanuddin biantara pangbagea dina kagiatan internal partai di DPC PDI Perjuangan Majalengka, Saptu (27/4/2024) kamari.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah