Ketua Fraksi PDIP Kabupaten Bandung M. Luthfi Ngarasa Can Nyugemakeun Nyumponan Pameredih Masarakat

- 24 Januari 2024, 19:30 WIB
Ketua Fraksi PDI Perjuangan DPRD Kabupaten Bandung, M. Luthfi Hafiyyan.
Ketua Fraksi PDI Perjuangan DPRD Kabupaten Bandung, M. Luthfi Hafiyyan. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Ketua Fraksi PDI Perjuangan DPRD Kabupaten Bandung, M. Luthfi Hafiyyan ngaku ngaras can nyugemakeun ngalayanan masarakat. Inyana rèk satèkah polah di taun 2024 bisa nyumponan naon nu diperlukeun masarakat.

Loba masarakat nepikeun aspirasi ngeunaan kabutuhan mobil ambulan, rohang inap rumah sakit, jeung kabutuhan sèjènna.

"Tangtos meryogikeun aubna simkuring sareng rèngrèngan di DPRD Kabupaten Bandung. Insha Alloh badè dironjatkeun tarèkah nyumpon kaperyogian masarakat, ” ceuk Luthfi di rohang Fraksi PDIP, di Soreang, Rebo , 24 Januari 2024.

Baca Juga: Politisi PDI P Kritik Jokowi Teu Jelas sual KKB, Tepi ka Looba Prajurit TNI Tiwas

Luthfi ogè ngingetan taun 2024 minangka taun politik. Tanggal 14 Pebruari 2024 digelar pesta demokrasi. Inyana umajak ka sakumna masarakat pikeun aub ngagunakeun hak pilihna.

"Digunakeunana hak pilih nangtoskeun kumaha nasib ka payun bangsa sareng nagara, daerah, sareng wilayah, kanggo nuju parobihan ka nu langkung saè, " ceuk Luthfi. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah