Bupati Bandung Ngukuhkeun 11 Pajabat Struktural di Dinas Pemadam Kebakaran

- 24 Januari 2024, 09:30 WIB
Bupati Bandung ngukuhkeun 11 urang PNS, nu nyangking jabatan struktural di Dinas Pemadam Kebakaran (Disdamkar) dan Penyelamatan Kabupaten Bandung di rohang Bale Sawala Soreang, Salasa, 23 Januari 2024.
Bupati Bandung ngukuhkeun 11 urang PNS, nu nyangking jabatan struktural di Dinas Pemadam Kebakaran (Disdamkar) dan Penyelamatan Kabupaten Bandung di rohang Bale Sawala Soreang, Salasa, 23 Januari 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngukuhkeun 11 urang PNS, nu nyangking jabatan struktural di Dinas Pemadam Kebakaran (Disdamkar) dan Penyelamatan Kabupaten Bandung di rohang Bale Sawala Soreang, Salasa, 23 Januari 2024.

Ieu kagiatan dilaksanakan minangka implementasi tina Perbup nomer 64 taun 2023 ngeunaan Kedudukan Susunan Perangkat Daerah Kabupaten Bandung, ku ayana paningkatan status tipologi Disdamkar dan Penyelamatan tina tipologi C jadi A.

Dadang Supriatna nandeskeun, paningkatan tipologi  kudu dibarengan jeung tranformasi kinerja nu leuwih profesional, hususna dina tugas ngaladenan publik.

Baca Juga: Kadisdukcapil Kabupaten Bandung Nyosialisasikeun Aplikasi IKD ka Anggota PWI

Pangukuhan jeung sumpah jabatan pejabat saban instansi pamarèntah, ceuk Bupati Dadang hal nu biasa pikeun pangokohan jeung ngaronjatkeun kapasitas kalembagaan, tur bagèan tina pola pangwangunan karier pagawè.

Ceuk Dadang Supriatna, ieu teu dilakukeun saukur keur kapentingan pagawè , tapi leuwih diutamakeun keur pembenahan jeung pamantapan organisasi dinan raraga ngaronjatkeun kinerja.

“Nerapkeun pangaturan manajemen PNS , kudu ngagaduhan tujuan ngahasilkeun PNS nu profesional, ngagaduhan nilai dasar, etika profesi, bebas tina intervensi politik sareng praktek KKN, dina raraga palaksanaan tugas pangladèn publik, pamarèntahan, tur pangwangunan,” ceuk Bupati. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah