Kadisdukcapil Kabupaten Bandung Nyosialisasikeun Aplikasi IKD ka Anggota PWI

- 24 Januari 2024, 06:00 WIB
Kepala Disdukcapil Kabupaten Bandung, Yudhi Abdurahman jeung ketua PWI Kabupaten Bandung, Enung D. Susana.
Kepala Disdukcapil Kabupaten Bandung, Yudhi Abdurahman jeung ketua PWI Kabupaten Bandung, Enung D. Susana. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Dinas Kependudukan dan Catatan Sipil (Disdukcapil) Kabupaten Bandung nyosialisasikeun Identitas Kependudukan Digital (IKD) ka anggota Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Bandung di Sekretariat PWI satempat Jalan Ciloa, Desa Pemekaran, Soreang , Salasa, 22 Januari 2024.

Palerean ngeunaan IKD ditepikeun langsung ku Kepala Disdukcapil Kabupaten Bandung, Yudhi Abdurahman.

Ceuk Yudhi, sosialisasi dilakukan dina raraga mahamkeun tur ngawanohkeun aplikasi IKD, luyu jeung amanat Bupati Bandung: kawijakan ngagampangleun masarakat jeung kawijakan pusat ku aplikasi IKD jeung mesin Anjungan Dukcapil Mandiri (ADM).

Baca Juga: Ditetepkeunana nu Bakal Meunang BLT Dana Desa Taun Anggaran 2024 di Desa Sinarjati, Kabupaten Majalengka

Ceuk Yudhi, widang Dukcapil teu ukur urusan kependudukan, tapi bagèan panangtayungan sosial masarakat. "Saha waè nu gumelar, sareng ngantunkeun kedah karèkam kalawan jèntrè," pokna.

Yudhi nyebutkeun aya 15 kagiatan di Dukcapil, salasahijina perekaman, nu ngarupakeun bagèan panangtayungan nagara, sabab hubunganana jeung identitas. Sepanjang kacatet di pamarèntah pusat, pasti bisa dipertanggungjawabkeun.

Yudhi ngajelaskeun, luyu jeung Permendagri no.168 , aturan layanan aya 2, nyaèta ku Website jeung ADM. "Ayeuna nuju dikembangkeun panglayan aplikasi sareng ADM. Janten sadaya data lebet tur aya di aplikasi IKD," pokna..

Nu sèjènna ngeunaan IKD, ceuk Yudh, aya 7 layanan nu dilakukeun liwat Hendphone, upamana nyieun KK bisa dilakukeun jeung lamun geus mucunghul langsung bisa di scan.

Baca Juga: Indonesia Kungsi Jadi Sawarga Lokomotif Uap

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah