GALURA.CO.ID -Dina sela-sela seren-sumeren jabatan Kepala SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, ti Drs. Sukandar ka Iwan Suwanda, S.Pd., MM nu samemehna Wakasek Kesiswaan SMA Pasundan 8 Kota Bandung, Wakasek Kurikulum SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, Yayat Hendayana, S.Pd. (16/01/2024) netelakeun ieu sakola teh asal muasalna mah Sakola Guru Olahraga (SGO).
Tina kituna, SMA Pasundan 3 Kota Cimahi tepika kiwari, dina proses kagiatan diajarna leuwih neueul kana kamekaran olahraga. “Alhamdulillah, dugika danget ayeuna, seueur pisan siswa nu ngagaduhan prestasi olahraga sareng ngaleler juara, boh di tingkat kota kabupaten, provinsi dugi ka tingkat nasional,” ceuk Yayat.
Dina unggal PPDB, SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, nyadiakeun jalur husus keur calon siswa nu prestasi olahraga. “Siswa nu gaduh prestasi olahraga, dibebaskeun tina biaya SPP sareng Dana Sumbangan Pendidikan,” pokna deui.
Baca Juga: Kadisdik Jabar: Polman II di Kabupaten Majalengka Ngaronjatkeun Jumlah Siswa nu Neruskeun Kuliah
Ceuk Yayat, olahraga nu dipupujuhkeun di SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, di antarana, futsal, volly ball, badminton, bola basket, maenbola, taekwondo, tarate jeung penca.
“Saban dinten, bakat sareng potensi siswa dina olahraga, dibina, diasah, kaleresan di ieu sakola aya kurikulum husus widang olahraga,” pokna. Jumlah guruna aya 48 urang, ceuk Yayat, kasangtukang meh kabeh manten atlit nu kungsi ngogan prestasi unggulan dina sawatara turnament olahraga.
Ngajawab patalekan Galura, Iwan Suwanda, negeskeun, dirina baris neruskeun hanca gawe pupuhu nu geus maren, ngaronjatkeun mutu pendidikan nu luyu jeung udagan visi misi Paguyuban Pasundan.
“Sakumna siswa di SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, kudu mibanda ahlak nu mulya, mibanda pribadi nu religi, tukuh ngalaksanakeun parentah agama Islam jeung mikacinta kana ajen inajen seni tradisi budaya Sunda, babarengan rumawat kana lestarina budaya Sunda,” pokna.