Pamaréntah Nambahan Alokasi Gemuk Subsidi, Pupuk Kujang Mekarkeun Produksi

- 7 Mei 2024, 19:41 WIB
Kawasan Pabrik Pupuk Kujang di Kabupatén Karawang.
Kawasan Pabrik Pupuk Kujang di Kabupatén Karawang. /Pupuk Kujang/

GALURA-Dina taun 2024 ieu, pamaréntah nambahan alokasi gemuk (pupuk) subsidi pikeun para patani, tina 4,7 juta ton jadi 9,5 juta ton atawa  naék100 persén.

Éta hal dumasar kaputusan menteri pertanian  (Kepmentan) nomer 249 taun 2024,  ngeunaan netepkeun alokasi jeung harga écéran pangluhurna  pupuk subsidi taun anggaran 2024, anu sawatara waktu kaliwat disaluyuan ku Presidén Joko Widodo.

Dumasar salinan kepmentan kasebut, geus ditetepkeun alokasi pupuk subsidi pikeun di Jawa Barat, réana  1.211.550 ton,  Uréa 634.660 ton, NPK  475.555 ton kaasup NPK formula husus jeung organik  101.005 ton.

Patali éta hal, PT Pupuk Kujang minangka anak pausahaan Pupuk Indonesia (Persero), anu nampa pancén di wilayah pamasaran Jawa Barat jeung Banten, tangtuna waé kudu ngaronjatkeun  produksi gemuk pikeun nyumponan kabutuh patani.

Diréktur Utama Pupuk Kujang, Maryono, nyebutkeun lamun ngitung  kana réana gemuk anu dibutuhkeun pikeun nambahan alokasi gemuk subsidi, saenyana kiwari ogé bisa kacumponan.  

Produksi Pupuk Kujang ngahontal  1.140.000 ton uréa sataunna. Ari  NPK ngahontal  200.000 ton sataunna.

 “Kangggo nyumponan panugasan ti pamaréntah mah tos nyekapan. Namung, produksi ogé teras-terasan dimekarkeun,” ceuk Maryono.

Jenis Pupuk jeung HET

Sajaba nambahan alokasi pupuk subsidi, pamaréntah  ogé kiwari nambahan jenis pupuk subsidi tur netepkeun harga  écéran tertinggi (HET) pupuk subsidi.

Harga pupuk subsidi dina taun ieu henteu undak. Cindekna angger dumasar harga pupuk dina taun saméméhna.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah