Ketua DPRD Kabupaten Bandung Teu Masualkeun Study Tour Sakola Asal Nolih Kasalametan

- 18 Mei 2024, 17:57 WIB
Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto.
Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto teu masualkeun study tour sakola, lamun luyu jeung tujuanana pikeun meunang input nu mangpaat jang siswa nu teu nyampak di Kabupaten Bandung.

Sugianto ngumpamakeun, tujuan study tour ka Yogyakarta.  Yogyakarta tèh kota pendidikan,  bisa jadi luang pikeun siswa.

Nu kudu jadi bahan panolih ceuk Sugianto  kasalametan. "Patali sareng kendaraan nu digunakeun. Aya pengecekan kendaraan. Hartosna kalayakan sareng ogè supirna,” ceuk Sugianto di Soreang, Saptu, 18 Mei 2024..

Ngan cenah ceuk Sugianto lamun sakirana materi nu deuk dicokot aya di wewengkon nu leuwih deukeut, nya leuwih hadè ka destinasi nu teu jauh.

“Upami langkung saè aya di wewengkon nu langkung caket,  tangtos langkung saè ka tempat nu kangkung caket. Tiasa ngirangan kos nu dikaluarkeun, ” ceuk Sugianto.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah