Ketua PPK Margahayu: Iwal ti Ngajalankeun Pancèn Wajib, Pantarlih oge kudu Ngiberkeun Iraha Pilkada

- 24 Juni 2024, 15:41 WIB
Ratusan Pantarlih dilantik di Margahayu Kabupaten Bandung bareng  saindonesia (24/06/2024)..
Ratusan Pantarlih dilantik di Margahayu Kabupaten Bandung bareng saindonesia (24/06/2024).. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Ketua Panitia Pemilihan Kecamatan (PPK) Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, Irman Syarif Usman, S. Sos umajak ka ratusan Petugas Pemutakhiran data Pemilih (Pantarlih) pikeun aub nepikeun ka warga masarakat tanggal 27 Nopember 2024 tèh baris digelar Pemilihan Kepala Daerah (Pilkada).

Kituna ditepikeun Irman dina lolongkrang Pelantikan dan Bimbingan Teknis (Bimtek) Petugas Pantarlih jang Pemilihan Gubernur jeung Wakil Gubernur tur Pemilihan Bupati jeung Wakil Bupati Taun 2024 di Kabupaten Bandung di aula Desa Margahayu Selatan Kecamatan Margahayu, Senèn, 24 Juni 2024.

"Memang salasahiji kawajiban Pantarlih  nyocogkeun data pamilih ti DP 4 jeung data otentik nu aya di lapangan, jeung 'pencoklitan'. Namung, Pantarlih ogè dipiharep tiasa ngabantos KPU ngadugikeun iber ka warga masarakat Pilkada tèh badè digelar kaping 27 Nopembar 2024," ceuk Irman.

Irman ogè neueulkeun ka patugas Pantarlih Desa Margahayu Selatan sangkan ratusan data pamilih potensial dina tanggal 27 Nopember 2024 dipastikeun geus bisa milih lantaran umurna geus 17 taun.

"Kumargi kitu dina agenda coklit kedah dipastikeun data nu teu acan lebet ka DP 4 ayeuna nu engkè bakal janten DPS dugi ka DPT dipastikan dina kaping 24-25 Juli 2024 kedah tos lebet janten pemilih, " ceuk Irman.

Di Kecamatan Margahayu, ceuk Irman aya 340 Pantarlih ti 191 Tempat Pemungutan Suara (TPS) nu sumebar di 4 desa jeung 1 kelurahan.

Di Desa Margahayu Selatan (Marsel ) aya 52 TPS 100 Pantarlih, di Desa Margahayu Tengah (Marteng) aya 31 TPS 54 Pantarlih, Desa Sayati 54 TPS jeung 94 Pantarlih , di Desa Sukamènak 47 TPS 84 Pantarlih, katut di Kelurahan Sulaimana 7 TPS 8 pantarlih.

Bimtek di Desa Margahayu Selatan diiluan 100 anggota Pantarlih. Ketua PPS Desa Margahayu Selatan, Yoni Budiman nepikeun materi bimtek bieu patali jeung pencoklitan, panggunaan aplikasi coklit, jeung kasinambungan pikeun Pantarlih utamana dina ngacoklit di wilayah sèwang-sèwangan.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah