Nyiptakeun Pilkada Damai Aman Pemkab Majalengka jeung ICMI Orda Majalengka Gelar Deklarasi ' Majalengka Anteng

- 21 Juni 2024, 16:34 WIB
Deklarasi Majalengka Anteng (21/06/2024).
Deklarasi Majalengka Anteng (21/06/2024). /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID - Pamarentah Kabupaten Majalengka kolaborasi jeung Ikatan Cendikiawan Muslim Indonesia (ICMI) Orda Majalengka nyanghareupan Pilkada 2024 ngagelar Deklarasi Majalengka Anteng (Aman, Netral jeung Tenang)  di Hotel Fitra, Kemis (20/06/2024).

Acara deklarasi Anteng diiluan ku 300 pamilon, di antarana ti Forkopimda, Ketua KPU jeung Bawaslu Majalengka, sakumna OPD, Camat, PGRI, ASN di lingkungan Pemkab Majalengka jeung wawakil sababaraha elemen masarakat. Deklarasi oge make zoometing.

Pj Bupati Majalengka anu diwakilan ku Plt BKPSDM H. Gatot Sulaeman, netelakeun, Pemilihan Kepala Daerah (Pilkada) taun 2024 anu bakal dilaksanakeun dina poe Rebo tanggal 27 Nopember 2024 teh pesta demokrasi lima taunan.

Pilkada nu jadi  jurina rayat, anu bakal nangtukeun saha anu bisa nyangking amanah keur ngabebenah masa hareup bangsa dina lima taun kahareup.

"Majalengka Anteng  kagiatan sasarengan antawis Pamarentah Daerah katut sakumna elemen masarakat dina raraga ngalaksanakeun instruksi presiden kangge ngajagi situasi kondusif anu aman netral oge tingtrim dina Pilkada 2024 ku unsur ASN, TNI, Polri, tokoh sakumna lapisan masarakat di Majalengka," ceuk Gatot.

Ketua ICMI Orda Majalengka H. Diding Bajuri nambahkeun netralitas  konci dina ngajagi integritas demokrasi anu ku urang dipicinta.

"Deklarasi Anteng anu mibanda sajarah kangge Majalengka dina mengkuhkeun komitmen sarerea keur ngajaga katrengtema, kesatuan, jeung kautuhan bangsa di pesta demokarsi Pilkada taun 2024 anu di laksanakeun di Kabupaten Majalengka," ceuk Diding.

Dina kasempetan eta dibacakeun deklarasi Majalengka Anteng katut ditandatangan fakta integritas netralitas ASN, TNI jeung Polri.

Satulyna acara Talk Show Majalengka Anteng kalayan narasumber ketua ICMI Jabar Dr. H. Sutarman jeung M. Sc, Prof. H. Masyur , A. KM, M.Si Teaching Profesional di IPDN sarta moderator Dr. H. Diding Bajuri, M.Si.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah