Poè Ieu Khanha Giri Harja Putu 2 Mungkas Jadwal Manggung dina Bulan Juni

- 30 Juni 2024, 10:50 WIB
Dalang Khanha Ade Kosasih Sunarya ti Giriharja 2 Putu.
Dalang Khanha Ade Kosasih Sunarya ti Giriharja 2 Putu. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Khanha Shandika Ade Kosasih Sunarya, dalang wayang golek ti Giri Harja 2 Putu poè ieu, 30 Juni 2024, magelaran di Lapangan Bola Bojong Kopo, Desa Loji, Kecamatan Simpenan, Kabupaten Sukabumi.

Pagelaran 30 Juni 2024, mungkas jadwal manggung dina bulan Juni 2024 dalang ngora nu kungsi meunang Bokor Mas Astagina, trofi Binojakrama Wayang Golek Purwa taun 2021.

Di bulan Juni 2024 ayeuna Khanha boga 6 jadwal manggung. Dimimitian tanggal 13 Juni 2024 manggung di Lembur Cikareumbi RT 004/ 006 Desa Cikidang, Kecamatan Lembang, Kabupaten Bandung Barat.

Isukna, 14 Juni 2024 manggung di Gedung Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK ) Jalan Naripan Kota Bandung. Laju esokna deui, 15 Juni 2024 di Lembur Pentas RT 02/03 Desa Cibodas, Kecamatan Cikajang, Kabupaten Garut.

Satutas reureuh samunggu ti dinya ngamimitian deui manggung tanggal 22 Juni 2024 di Lembur Sukamenak RT 04/ 01 Desa Simpang Jaya, Kecamatan Karangkencana, Kabupaten Kuningan.

Dua poè ti dinya, 24 Juni 2024 manggung di Lembur Kiangroke, Kecamatan Banjaran, Kabupaten Bandung.

Satutas nutup jadwal manggung poè ieu, Khanha boga sababaraha agenda manggung di sajumlah daerah.

Ngan numutkeun Irwansyah nu jadi bapana, liwat telepon, poè ieu Ahad, 30 Juni 2024 tanggal manggung Khanha can disusun. Irwansyah ukur nyebut ngaran-ngaran daerahna.

Di antarana di Pakserang Ciparay, Cibaliung, Cianjur, Jonggol Bogor, Cigombong bogor. Sababaraha daerah  liann masih keur proses, kaasup di Subang jeung Pandeglang.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah