Jadwal Manggung Dalang Kanha Ade Kosasih Sunarya Giriharja 2 Putu Bulan Januari 2024, Tarifna Rp40-Rp45 Juta

- 5 Januari 2024, 10:29 WIB
Dalang Khanha Ade Kosasih Sunarya ti Giriharja 2 Putu.
Dalang Khanha Ade Kosasih Sunarya ti Giriharja 2 Putu. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dalang Khanha Shandika Ade Kosasih Sunarya ti Giriharja 2 Putu dina bulan Januari 2024 boga 6 jadwal manggung.

Mutembeyan magelaran poè ieu, Juma'ah 5 Januari 2024 di Lapang Situ Gedè, Desa Cigedug, Kecamatan Cigedug, Kabupaten Garut.

Satuluyna , dalang nu dina taun 2021 jadi pinunjul Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa di Sukabumi teh boga deui 5 kali jadwal manggung.

Baca Juga: Transaksi Non Tunai di Pemerintah Desa

Tanggal 13 Januari di Lapang Desa Puspahiang, Kecamatan Puspahiang, Kabupaten Tasikmalaya.

Tanggal 17-na di Lembur Sukamanah RT 21/ 04 Desa Cigelam Babakan Cikao Kabupaten Purwakarta.

Tanggal 20  di Kabupaten Sukabumi, Tanggal 21 di Lembur Kertamanah, Kecamatan Pangalengan, Kabupaten Bandung. Dina tanggal 27-na di Kabupaten Cianjur.

Irwansayah, bapana Kanha nyebutkeun, harga nanggap wayang golek dalang Kanha keur di lelewek Bandung Raya gedena antara Rp 40-45 juta.

"Nya kana sakitu. Teu tebih di luar daerah ogè kantun ngètang langkungna, " pokna, Juma'ah, 5 Januari 2024.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x