Perupa Majalengka Ngarojong Karna Sobahi jadi Bupati Majalengka deui di Pilkada 2024

- 8 Mei 2024, 12:24 WIB
Ketua Peka (Perupa Majalengka) masrahkeun lukisan ka Karna Sobahi. Peka  mihak ka Karna Sobahi dina Pilkada 2024.
Ketua Peka (Perupa Majalengka) masrahkeun lukisan ka Karna Sobahi. Peka mihak ka Karna Sobahi dina Pilkada 2024. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Seniman lukis nu aya di Kabupaten Majalengka sarta ngagabung kana Peka (Perupa Majalengka) mihak ka Karna Sobahi dina Pilkada 2024 November. Padahal aya calon kuat sejenna, Eman Suherman nu ayeuna ngajabat Sekda Majalengka.

Pangna ngarojong Karna Sobahi, Peka nganggap Karna Sobahi salila jadi bupati jadi figur pamingpin anu wijaksana sarta ngalaksanakeun pangwangunan di sagala widang, kaasup dina seni jeung budaya.

Dina kituna, rengrengan Perupa Majalengka anu di pupuhuan ku Ade Realism (Pelukis Mata Bathin) nganjang ka arna Sobahi, di padumukanana Cijati, Saptu (4/5/2024).

Karna Sobahi ngaklaim masarakat Majalengka ti suklakna ti siklukna kaasup Peka nganjang ka padumukanana nalika geus teu ngadeg jadi Bupati Majalengka.

"Alhamdulillah salami ieu masarakat Majalengka teu weleh emut tur ngarojong supados ngadeg deui janten Bupati Majalengka," pokna.

"Hatur nuhun rengrengan Perupa Majalengka anu tos kersa silaturahmi oge ngarojong simkuring kangge majeng di Pilkada Majalengka taun 2024. Pamugi pangrojong miwah pangdunga ti sadaya diijabah ku Allah SWT, Aamiin ya Robbal Alamiin," ceuk Karna Sobahi.

Ketua Peka, Ade Realism, netelakeun dirina katut rengrengan anjangsono ka H. Karna Sobahi, dina raraga runtuyan mieling Hari Menggambar Nasional (2 Mei taun 2024). Lian ti eta pikeun ngarojong H. Karna Sobahi maju deui di Pilkada Majalengka taun 2024.

"Simkuring katut rengrengan Perupa Majalengka sulaturahmi ka Bapa, dina raraga mieling Hari Manggambar Nasional, oge anu utami ngarojong Pa H. Karna Sobahi janten Bupati Majalengka. Majalengka Raharja, Lanjutkan, " ceuk Ade Realism.


Perupa Majalengka, anu sekretariatna di Gedong Majalengka Creative Center (MCC), anggotana sumebar di Kabupaten Majalengka, teu kurang ti 800 urang.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah