Bupati Manten Majalengka Karna Sobahi Umajak keur Ngajaga Etika dina Pulitik

- 16 April 2024, 06:08 WIB
Bupati manten Majalengka, H. Karna Sobahi, ngagelar halal bihalal di padumukanana di Cijati (15/04/2024).
Bupati manten Majalengka, H. Karna Sobahi, ngagelar halal bihalal di padumukanana di Cijati (15/04/2024). /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Bupati manten Majalengka, H. Karna Sobahi, ngagelar halal bihalal di padumukanana di Cijati (15/04/2024). Diluuhan ku sababaraha kelompok relawan. Ku H Karna Sobahi halal bihalal  dijadikeun momentum penting dina mengkuhkeun hubungan antar relawan jeung nepikeun cumeluk katut umajak pentingna etika dina pulitik.

Relawan anu datang dina ieu acara jumlahna ratusan urang wawakil sababaraha relawan  nu ngarojong Karna Sobahi sakabupaten Majalengka. Teu kurang ti 20 simpul relawan anu datang dina gelaran halal bihalal Di antarana, Gerak 2024, Baraks, Barokah, Putra Sang Fajar, Sindangkasih, Kelompok Tani, GRIB, Gibas, Raka, Brigade Intisab PUI, Cekas, Laskar, KKSB, Persatuan Dalang jeung sajabana.

Kabehanaa nembongkeun rasa sabeungkeutan nu luhur tur sumanget kolaboratif dina ngarojong agenda-agenda positif di masarakat. Dina eta kasempetan Karna Sobahi nu ngajabat bupati Majalengka 2018-2023, lain ngan saukur nepikeun  ucapan ja'alanallahu minal 'aidin wal faizin, tapi oge mere arahan anu ngahudangkeun kasadaran kana pentingna ngajaga etika katut marwah dina pulitik.

Baca Juga: Masarakat Kabupaten Majalengka Miharep Karna Sobahi Maju deui di Pilkada 2024

Karna Sobahi kalayan tegas ngingetan tim relawan, teu perlu kapitapak dina praktek-praktek negatif saperti ngajejeleh jeung  ngagogoreng pihak sejen. "Urang kedah langkung ageung tibatan itu. Pulitik  nganggo cara anu elegan tur tetep ngutamakeun substansi tina ide sarta program anu ku urang sakumna dirojong," pokna.

Karna Sobahi nu bakal ngalonkeun deui jadi bupati Majalengka dina Pilkada November 2024 nandeskeun jadi tim relawan anu mibanda kualitas, hartina ngajaga integritas jeung nyinglar tina sababaraha intrik ngajejeleh lawan.  "Urang tiasa unggul ku cara anu leres tur terhormat. Tina kituna kedah janten toladan dina pulitik," pokna.

Acara halal bihalal lain ngan saukur ajang silaturahmi, tapi oge pamiangan introspeksi keur ngahadean diri jeung ngaronjatkeun kontribusi positif dina ngawangun masarakat katut bangsa. Ngahiji jadi konci dina nyangking tujuan bareng, teu nepi ka ninggalkeun prinsip-prinsip etika sarta kajujuran dina pulitik.

"Halal bihalal sanes mung tradisi formal, tapi  oge janten kandaga inspirasi katut motivasi pikeun teras bagerak maju jadi agen parobahan anu tanggel waler sareng mibanda integritas luhung dina pulitik," ceuk Karna Sobahi tandes pisan.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x