Ari Pj Bupati Majalengka Kamana? Jalan Sukamenak-Haurgeulis Ruksak Parna

- 29 April 2024, 15:28 WIB
Jalan kabupaten nu nepungkeun Desa Sukamenak - Desa Haurgeulis nu oge jalan alternatif ti Desa Cihaur ka Bantarujeg ruksak parna.
Jalan kabupaten nu nepungkeun Desa Sukamenak - Desa Haurgeulis nu oge jalan alternatif ti Desa Cihaur ka Bantarujeg ruksak parna. /Didi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Jalan Sukamenak Kabupaten Majalengka nu panjangna kurang leuwih 1 kilometer kiwari ruksak parna. Ieu jalan teh nepungkeun 2 desa sarta salasahiji jalan alternatip, jalan motong ti Desa Haurgeulis ka Bantarujeg leuwih deukeut batan jalan umum nu ngaliwatan ka Talaga.

Kuwu (Kepala Desa) Haurgeulis, Abdul Majid, nyebutkeun jalan anu ngaliwat ka Haurgeulis sabenerna teu panjang, ukur 500 meter tapi ruksakna parna pisan.

“Ampir 2 taun can pernah diomeana. Ti heula aya beja jalan rek dilegaan, harita diguyurkeun ngeunaan ganti rugi, ngan teu puguh hulu buntutna, ” ceuk Abdul Majid.

 Salian jalan ruksak, sasak Cibarengkon jebol tepi ka teu bisa diliwatan ku mobil jeung motor. Pikeun patalimarga masarakat rereongan nyieun sasak gantung, malar motor bisa liwat teu ngahesekeun warga nu rek ka Bantarujeg atawa sabalikna.

Kuwu Sukamenak, Asep Sonjaya, oge nyebutkeun  jalan nu ruksak aya sabagean jalan nu asup ka UPTD Maja. Lebah Sindangmangu di blok Pines ruksak pisan. Kitu deui jalan ti Sukamenak ka Haurgeulis.

“Ari waragadna geus aya rengkolna mah buru-buru hadean atuh. Tapi dina ngoemanana ulah asal-asalan moal kuat lila. Geus sababaraha kali dihadean hasilna teu kuat lila, di dinas loba insinyur pasti aya nu apal cara nyieun jalan nu hade,” ceuk Asep.

Ceuk Kepala Dinas PUTR Kabupaten Majalengka nu ditepikeun ku Kepala Bidang Bina Marga, Mamat,S.T., sasak Cibarengko taun ieu sagancangna dibangun deui. Keur  jalan mah kerek dianggarkan taun ieu.

“Mudah-mudahan anggarana nyukupan,” ceuk Mamat, S.T nu teu ngabejakeun sabaraha anggaranana.*** Didi, Tang

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x