Pj Bupati Majalengka: Nmax anu Dipasrahkeun keur Lurah jeung Kuwu Teu Meunang Dipake Mudik jeung Ulin

- 4 April 2024, 08:33 WIB
Pj Bupati Majalengka ngalarang kuwu jeung lurah make motor Nmax inventaris keur Kapentingan pribadi.
Pj Bupati Majalengka ngalarang kuwu jeung lurah make motor Nmax inventaris keur Kapentingan pribadi. /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Pamerintah Daerah (Pemda) Kabupaten Majalengka sababaraha waktu ka tukang, masrahkeun ratusan motor Nmax keur lurah katut kepala desa (kuwu) di Kabupaten Majalengka, Jawa Barat.

Motor Nmax udaganana sangkan Kuwu jeung lurah bener-bener ngaronjatkeun pangladen  ka masarakat, babakuna anu imahna di gang heureut susah dijugjug ku kandaraan saperti mobil.

Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi nyebutkeun, motor Nmax teu meunng dipake keur mudik lebaran boh jalan-jalan. Nalika katohyan konsekuensi motor eta bakal dicokot deui.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Muka TMMD Ka-119 Taun 2024 di Desa Cipasung Lemahsugih

“Nmax teu kenging dianggo mudik jeung jalan-jalan,  tiasa digunakeun kangge silahturahmi sareng warga," ceuk Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi, nalika diwawancara ku wartawan rengse mingpin apel gelar pasukan pengamanan di Mapolres, Rebo (3/4/2024).

Disebutkeun Dedi,  keur operasional kandaraan mobil dinas Pemda Majalengka nerapkeun aturan anu sarua nyaeta bisa dipake di sabudeureun Majalengka wae.

“Sumangga dianggo kangge silaturahmi.  Dianggo mudik teu meunang," ceuk Pj Bupati Majalengka, Dedi Supandi nu cenah mah bakal nyalon Bupati Majalengka.

Inyana netelakeun motor Nmax dilarang digunakeun keur mudik katut jalan-jalan tapi kudu digunakeun keur kandaraan operasional jeung keur ngaladenan masarakat katut silahturahmi.

“Sangsina tiasa bisa dicandak deui motorna. Anu nganggo mobil dinas kanggo kepentingan pribadi disanksi," ceuk Dedi Supandi.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x