Pj Bupati Majalengka Muka TMMD Ka-119 Taun 2024 di Desa Cipasung Lemahsugih

- 21 Februari 2024, 08:11 WIB
Pj Bupati Majalengka, Salasa (20/02/2024 muka TNI Manunggal Membangun Desa (TMMD)  di Desa Cipasung,  Kecamatan   Lemahsugih.
Pj Bupati Majalengka, Salasa (20/02/2024 muka TNI Manunggal Membangun Desa (TMMD) di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina raraga pangwangunan di daerah nu udaganana keur ngronjtkeun karahrjaan masarakat sakaligus ngajaga NKRI, Kodim 0617 Majalengka rempug gawe jeung Pemkab Majalengka ngalaksanakeun kagiatan TNI Manunggal Membangun Desa (TMMD). Tempatna di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, dibuka ku Pj Bupati Majalengka, Salasa (20/02/2024).

Anu jadi inspektur upacara Pj Bupati Majalengka Dr. H. Dedi Supandi, S.Stp., M.Si., Komandan upacara Danramil 1707 Lemahsugih, Lettu Arh Rohman dan Perwira upacara Pasipers Kodim 0617 Majalengka, Lettu Inf Aan Samian.

Anu ngaluuhan bubuka TMMD harita, Kasrem 063/SGJ, Dandim 0617/Majalengka, Pj. Bupati Majalengka, Kapolres Majalengka, Sekda Majalengka, Kasiops Lanud S Sukani, Perwakilan Yonif 321/GT, Dankesyah 03.04.03 Cirebon, Dansubdenpom III/3-5 Majalengka, Kepala Dinkes Prov.Jabar, Kepala BKKBN Prov. Jabar.

Baca Juga: Mieling Jasa Pahlawan, Kodim 0617/Majalengka Ngagelar Upacara Bendera 17an

ASOPS Kasdam III/Siliwangi, Kapendam dan Kakesdam III/ Siliwangi, Waaster Kasdam III/Siliwangi, Dandim 0614/Kota Cirebon, Dandim 0615/Kuningan, Dandim 0620/Cirebon, Dandim 0617/Majalengka, Danyon 321 Raider/GT, Danlanud S.Sukani, Sekretaris Daerah, unsur Forkominda, para Staf Ahli sarta Asisten Bupati, kepala OPD.

Sakumna Camat sa-Kabupaten Majalengka, sakumna Kepala Desa sa-Kecamatan Lemahsugih, Ketua Tim Penggerak PKK Kab. Majalengka, Ketua Dharma Wanita Persatuan Kab. Majalengka, sakumna pangurus BPD, LPM, Ketua FKPPI jeung anggota, sakumna pangurus lembaga kemasyarakatan sarta warga Desa Cipasung jeung ondangan lianna.

Dina amanatna Irup ngajentrekeun kagiatan TMMD Kka-119 taun 2024 jejerna: "Dharma Bhakti TMMD Mewujudkan Percepatan Pembangunan di Wilayah". Ieu kagiatan nu geus diputuskeun dilaksanakeun di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka.

Satuluyna, manunggalna TNI jeung rayat lengkah nu konkrit tur strategis keur leuwih ngaronjatkeun sabeungkeutanana dina proses pangwangunan infrastruktur padesaan ngaliwatan kagiatan TMMD nu sifatna Nasional. Bhakti Siliwangi Manunggal Satata Sariksa (BSMSS ) nu sifatna regional di Jawa barat jeung program TMSK (TNI Manunggal Sindangkasih) di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Taun Ieu Kodim 0624 Kabupaten Bandung Rèk Nambah 3 Koramil

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah