Jumat Berkah, Koramil Jajaran Kodim 0617 Majalengka Ngabagikeun Sangu

- 29 Oktober 2023, 11:00 WIB
Kodim 0617 Majalengka jeung Persit KCK Cabang XXXVIII Kodim Majalengka ngalaksanakeun Jumat Berkah di wilayah Kodim 0617 Majalengka (27/10/2023).
Kodim 0617 Majalengka jeung Persit KCK Cabang XXXVIII Kodim Majalengka ngalaksanakeun Jumat Berkah di wilayah Kodim 0617 Majalengka (27/10/2023). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Giat Jumat Berkah Kodim 0617 Majalengka jeung  Persit (Kartika Chandra Kirana (KCK) Cabang XXXVIII Kodim Majalengka ngabagikeun sangu ka masarakat, tempatna di wilayah Teritorial Kodim 0617 Majalengka, Jumaah (27/10/2023).

Giat Jumat Berkah Kodim 0617 Majalengka dilaksakeun di sababaraha koramil:  Koramil 1713/Ligung, Koramil 1714/Jatitujuh, Koramil 1715/Kertajati, Koramil 1716/Dawuan jeung Koramil 1717/Kadipaten.

Dandim 0617 Majalengka Letkol Inf Danang Biantoro, S.I.P., M.Si., miharep dilaksanakeunna kagiatan Jumat Berkah  bakal kabentuk hubungan nu harmonis antara masarakat jeung TNI, hususna jajaran Kodim 0617 Majalengka.

Baca Juga: Mieling Hari Sumpah Pemuda Ka-95, Kodim 0617 Majalengka Gelar Upacara Bendera

"Pamugi nasi kotak nu disanggakeun ka masarakat, sakedikna tiasa ngirangan bangbaluh paekonomian wargi urang nu meryogikeun bantosan," ceuk Letkol Inf Danang Biantoro, S.I.P., M.Si.

Salasaurang warga, Somad, nyebutkeun inyana nganuhunkeun pisan Kana Jumat Berkah NU dilaksanakeun ku Kodim 0617 Majalengka.

"Simkuring katut nu sanesna ngahaturnuhunkeun ka sakumna Bapa TNI. Alhamdulillah kana perhatosanana. Pamugi sakumna anggota TNI kenging pahala tur ridho ti Allah SWT. Aamiin," pokna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x